Sabenerna hayang ngabejer beaskeun masalah Asbabun Nuzul jeung Asbabul Wurud 
na, tapi sieun dipajar nitah meri ngojay, da milis Ki Sunda jalma pinter. Eta 
kuring nitah ngojay meri, ceuk meri ah siah ngajaran aing.
Basa waktu kamari, kuring maos pepedaran ti salah sahiji anggota milis, manehna 
medarkeun meni eces pisan, tapi uing jadi bingung lantara dina panjelasan 
periwayatanan (rawina) jiga benang melit kana bitis, atuh lain nambahan pinter 
uing teh, malah kokorebet deui kana buku bulukan.
Mun uing asup di milis anu komunitasna mahasiswa atawa palajar, meren rada 
pantes ngabejer beaskeuna. Da uing maos padungdeng antara Pa Gus Maman jeung M. 
Zen jiga main bal kana tembok, ditendang malik deui, leuheung balik deui kan 
suku mah rada pantes bisa ditendang deui, ieu mah malikna kana beungeut, atuh 
jadi lieur sirah.
Anu hiji medarkeun rada kaharti anu hiji deui uing rada bingung da referensina 
can pernah ku uing dibaca. Komo aya istilah kapamimpinan ghoib. Uing kudu 
belajar deui ngenaan kapamimpinan ghoib, teing disiplin ilmu ieu teh 
konsentrasina aya pakaitna jeung bangsa Jin, sugan bisa mimpin jin titah nyieun 
jambatan Jawa - Sumatera.
 
Insya Allah, ari perlu mah engke ku uing dipedarkeun masalah asbabuna.
 

Dari: Dikdik <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 15:15
Judul: Re: Trs: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam


  
hadis na mah tos yakin bakal ditolak ku syiah mah...
hehehe...

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Anu netepkeun Allah jeung Rasulna :
> Dalil Rukun islam, sasuai jeung hadits anu hartosna : Ti Abu Abdurrahman, 
> Abdullah bin Umar bin Al-Khotob ra., manehna nyarios : Kuring ngadangu 
> Rasulallah Saw. ngadawuh : Islam diwangun ku lima perkara : nyaksikeun yeu 
> henteu aya Illah anu ngabogaan hak disembah sajaba Allah sarta yen nabi 
> Muhammad Saw. utusan Allah, ngadegkeun sholat, ngaluarkeun zakat, 
> ngalaksanakeun haji sarta puasa di bulan Ramadan (HR. Turmuzi & Muslim).
>  
> Dalil rukun Iman "Saestuna ngahadapepken beungeut anjeun ka arah Wetan sarta 
> Kulon eta hiji kabaktian, tapi saestuna kabaktian eta nyaeta iman ka 
> Alloh,  ka poe akhir, malaikat-malaikat, kitab-kitab, nabi-nabi sarta 
> ngaluarkeun harta anu dipikanyaah ka barayana, barudak yatim, jalma-jalma 
> miskin, musafir (anu merlukeun bantuan) sarta jalma-jalma anu menta-menta; 
> sarta (ngamerdekakeun) hamba sahaya, ngadegkeun solat sarta ngalakukeun 
> zakat; sarta jalma-jalma anu menepati janji lamun manehna boga jangji, sarta 
> jalma-jalma anu sabar dina kesempitan, kasusahan sarta dina peperangan. 
> Maranehanana eta kaasup jalma-jalma anu bener (imanana); sarta maranehanana 
> eta kaasup jalma-jalma anu bertaqwa.  (QS Al Baqarah: 177). 
>  
>  
> Dari: ahsa <albanduni@...>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
> Dikirim: Kamis, 8 Desember 2011 11:32
> Judul: Bls: Bls: [kisunda] Putaran ka-2 : Imam
> 
> 
>   
> 
> 
> atuh mun urang Sunda geus ngabeda2keun terus teu mere lolongkrang keur batur 
> nu beda mah, teu kudu diteruskeun ieu forum. sabab forum teh pan keur 
> nyawalakeun. Cing ari eta rukun Imam sareng Islam nu disebatkeun, naha 
> Kangjeng Nabi nu netepkeun atanapi ulama2 Ahlussunah?
> 
> keur kuring mah teu masalah rek Sunni atanapi Syiah oge, nu penting mah boga 
> argumen nu kuat; ti kritik ilmu jeung sarua jeung eusi Quran.
>


Kirim email ke