Hehehe, ngaran nyunda mending ganti ku Ki Arnasan nya. Manggih dua kecap /iheung/ jeung /dararia/
Nu kadua mah rada katebak, /dararia/, meureun "mararaneh" nya. Ari /iheung/ sarua teu "euy"? 2011/12/14 Tubagus Rifki L <[email protected]> > ** > > > Antara Baduy, Syiah jeung Wahabi > Dina Silokanagara MilisKiSunda nu teu acan asup ka Parsarekatan > Bangsa-Bangsa, anu pandudukna duka sabaraha can kabejaan jumlahna, aya > babaraha parte politik. Parte Baduy, Parte Syiah, jeung Parte Wahabi. Jaba > ti eta aya keneh babaraha parte leutik, di antarana Parte Hitler, Parte > BillGate, Parte Nyandung, Parte Halimun, nu teu kacaturkeun dina ieu carita. > Nagara ieu boga pamarentahan nu jejeg ti baheulana, ngaran ponggawana ge > jiga Arab arana, Ki Hasan diantawisna. Parte jeung konstituena boh nu ti > baheula aya, boh nu anyar datang teu beak akal neangan cara sangkan > pesen-pesen partena nyampe ka balarea. Iklan-iklan boh nu panjang, boh nu > pendek dikocorkeun. Pamake elmu boh nu impor boh nu lokal, dibolekerkeun. > Ari tujuan parte mah geus puguh, neangan konstituen jang meunangkeun > dukungan sangkan meunang kakawasaan. Sanajan parte di Silokanagara > MilisKiSunda hanteu ngayakeun pamilihan umum, saling parebut netelakeun > eksistensina mah atuh hog-hag jiga nu bakal meunang pahala ti panggeran > Diponegoro. > Pendek carita, hiji wanci inohong parte Baduy, Syiah jeung Wahabi > papanggih dina hiji acara debat publik. > Ceuk Wahabi, "Duy, ulah muja ka Sasaka Domas. Eta hiji kamusrikan." > Baduy, "Iheung. Sarua bae kabehgeh jalma datang ti Adam. Kami boga > kabuyutan, di dinya boga kabuyutan." > Syi'ah embung eleh, " Nagara mah lain di atur ku pedah musrik atawa > heunteu. Tapi saha nu kudu ditanghikeun jadi pupu'un, eta nu boga wiwitan > ti Gusti. Ari Gusti Allah geus puguh nandaan saha nu sakuduna jadi pupuun > sabada kanjeng Rosul" > Ceuk Wahabi, "Teu bisa kitu Ah (maksudna Syiah). Sohabat leuwih utama > sakumaha pupujuh Rosul, yen generasi nu pang alusna eta ti ieu nepi ka ieu. > Nu teu dilakonan ku sohabat teu bisa jadi hukum" > Baduy, "Iheung. Dararia ngomomg naon?" > TiRiLik > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu. > >
