atanapi chasan

On 12/15/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote:
> Hehehe, ngaran nyunda mending ganti ku Ki Arnasan nya.
>
> Manggih dua kecap /iheung/ jeung /dararia/
>
> Nu kadua mah rada katebak, /dararia/, meureun "mararaneh" nya.
> Ari /iheung/ sarua teu "euy"?
>
> 2011/12/14 Tubagus Rifki L <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Antara Baduy, Syiah jeung Wahabi
>> Dina Silokanagara MilisKiSunda nu teu acan asup ka Parsarekatan
>> Bangsa-Bangsa, anu pandudukna duka sabaraha can kabejaan jumlahna, aya
>> babaraha parte politik. Parte Baduy, Parte Syiah, jeung Parte Wahabi. Jaba
>> ti eta aya keneh babaraha parte leutik, di antarana Parte Hitler, Parte
>> BillGate, Parte Nyandung, Parte Halimun, nu teu kacaturkeun dina ieu
>> carita.
>> Nagara ieu boga pamarentahan nu jejeg ti baheulana, ngaran ponggawana ge
>> jiga Arab arana, Ki Hasan diantawisna. Parte jeung konstituena boh nu ti
>> baheula aya, boh nu anyar datang teu beak akal neangan cara sangkan
>> pesen-pesen partena nyampe ka balarea. Iklan-iklan boh nu panjang, boh nu
>> pendek dikocorkeun. Pamake elmu boh nu impor boh nu lokal, dibolekerkeun.
>> Ari tujuan parte mah geus puguh, neangan konstituen jang meunangkeun
>> dukungan sangkan meunang kakawasaan. Sanajan parte di Silokanagara
>> MilisKiSunda hanteu ngayakeun pamilihan umum, saling parebut netelakeun
>> eksistensina mah atuh hog-hag jiga nu bakal meunang pahala ti panggeran
>> Diponegoro.
>> Pendek carita, hiji wanci inohong parte Baduy, Syiah jeung Wahabi
>> papanggih dina hiji acara debat publik.
>> Ceuk Wahabi, "Duy, ulah muja ka Sasaka Domas. Eta hiji kamusrikan."
>> Baduy, "Iheung. Sarua bae kabehgeh jalma datang ti Adam. Kami boga
>> kabuyutan, di dinya boga kabuyutan."
>> Syi'ah embung eleh, " Nagara mah lain di atur ku pedah musrik atawa
>> heunteu. Tapi saha nu kudu ditanghikeun jadi pupu'un, eta nu boga wiwitan
>> ti Gusti. Ari Gusti Allah geus puguh nandaan saha nu sakuduna jadi pupuun
>> sabada kanjeng Rosul"
>> Ceuk Wahabi, "Teu bisa kitu Ah (maksudna Syiah). Sohabat leuwih utama
>> sakumaha pupujuh Rosul, yen generasi nu pang alusna eta ti ieu nepi ka
>> ieu.
>> Nu teu dilakonan ku sohabat teu bisa jadi hukum"
>> Baduy, "Iheung. Dararia ngomomg naon?"
>> TiRiLik
>> Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu.
>>
>>
>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke