Kang Abbas, Hade pisan pamadegan teh, sarua jeung kuring....pek dewek teke tapi mun ditakis ulah jadi neuteuli. Kungsi kuring dipapagahan, lamun urang boga saratus anak buah tapi sakabehna boga eusi sirah anu sarua..........mangka pecat anu 99 urang tinggalkeun nu saurang, terus neangan deui gantina nu 99 urang tea tapi kudu baroga pikiran anu motekar jeung lain dari yang lain, kakara bisa maju. Sok geura parasea........pahade-hade pikiran, logika jeung ageman tapi ulah make kudu ambek mun teu sarua jeung pikiran sorangan, keun wae da eta mah nu batur, resep cokot henteu mah kajeun teuing. Cenah eta bisi mamawa nu sejen boga pikiran sarupa kitu, atuh enya keun wae meureunan beukieun matak miluan oge. Cenah eta bisi kababawa doraka, keun wae da nu doraka na oge batur, urang mah cukup ngabejaan. Cenah eta urang boga tugas kudu memener nu salah, boa teuing urang anu salahna batur anu benerna? Dibandungan ku kuring, mun aya pipaseaeun dina milis Kisunda sok jadi rame.
________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Sent: Monday, December 19, 2011 11:09 AM Subject: [kisunda] Cersil Sunda Bebas Kritik Baraya sareng dulur2 sadaya, sim kuring kalintang bingahna upami wae sadayana kersa nyerat kritikan sareng saran. Sim kuring bakal nampi kalawan kabingahan. Ngan wae ku margi KRITIK bebas; tah panginten counter kritikna oge BEBAS. Ku margi sakitu, upami aya kritik, teras ku sim kuring di counter, mugia ulah dianggap yen sim kuring embung dikritik; tapi kritik sareng counter kritik teh hiji sawala kanggo hal nu langkung sae deui. Da panginten KRITIK oge can tangtos 100% LERES; tah na sawala eta , engke katingal mana nu langkung rasionil. Sumangga diantos kritik sareng saranna. Nuhun sateuacanna. Abbas Amien
