Kang Ilen: "Dibandungan ku kuring, mun aya pipaseaeun dina milis Kisunda sok jadi rame."
Eta teh cirina, yen kabeh baraya Ki Sunda, teu kaasup kana golongan nu 99 tea lin? Hehehe, n jadi balik Bandung nya 2011/12/19 ilen kardani <[email protected]> > ** > > > Kang Abbas, > > Hade pisan pamadegan teh, sarua jeung kuring....pek dewek teke tapi mun > ditakis ulah jadi neuteuli. > Kungsi kuring dipapagahan, lamun urang boga saratus anak buah tapi > sakabehna boga eusi sirah anu sarua..........mangka pecat anu 99 urang > tinggalkeun nu saurang, terus neangan deui gantina nu 99 urang tea tapi > kudu baroga pikiran anu motekar jeung lain dari yang lain, kakara bisa maju. > > Sok geura parasea........pahade-hade pikiran, logika jeung ageman tapi > ulah make kudu ambek mun teu sarua jeung pikiran sorangan, keun wae da eta > mah nu batur, resep cokot henteu mah kajeun teuing. Cenah eta bisi mamawa > nu sejen boga pikiran sarupa kitu, atuh enya keun wae meureunan beukieun > matak miluan oge. Cenah eta bisi kababawa doraka, keun wae da nu doraka na > oge batur, urang mah cukup ngabejaan. Cenah eta urang boga tugas kudu > memener nu salah, boa teuing urang anu salahna batur anu benerna? > > Dibandungan ku kuring, mun aya pipaseaeun dina milis Kisunda sok jadi rame. > *From:* Abbas Amin <[email protected]> > *To:* kisunda <[email protected]>; urangsunda < > [email protected]> > *Sent:* Monday, December 19, 2011 11:09 AM > *Subject:* [kisunda] Cersil Sunda Bebas Kritik > ** > > Baraya sareng dulur2 sadaya, sim kuring kalintang bingahna upami wae > sadayana kersa nyerat kritikan sareng saran. Sim kuring bakal nampi > kalawan kabingahan. > Ngan wae ku margi KRITIK bebas; tah panginten counter kritikna oge BEBAS. > Ku margi sakitu, upami aya kritik, teras ku sim kuring di counter, mugia > ulah dianggap yen sim kuring embung dikritik; tapi kritik sareng counter > kritik teh hiji sawala kanggo hal nu langkung sae deui. Da panginten KRITIK > oge can tangtos 100% LERES; tah na sawala eta , engke katingal mana nu > langkung rasionil. > Sumangga diantos kritik sareng saranna. Nuhun sateuacanna. > > Abbas Amien >
