Fiksi mini #Dalil vs Praksis# Sanajan geus loba gelar nu kacangking, Prof Dr. Jay Ramesh, PHD,DKM PKL., angger haus ku élmu hanaang ku pangarti. Ngingkig indit ngojéngkang ka Nagri Cina pédah maca aya katerangan na Hadits : “Tuntutlah elmu népi ka negri Cina”. Di Cina panggih jeung 3 jalma luhung élmu jembar pangarti.
Laotzé nyaritakeun yén jélema kudu percaya kanu kakuatan Ghoib anu ngatur alam semesta, Yin jeung Yang. Neuleuman elmu ieu manehna jadi boga elmu "Traditional Chinese Medicine". Apan dina Islam oge rukun Iman nomor hiji kudu percaya kanu hal-hal ghoib. Panggih jeung Kong Fu Tsé nyebutkeun yén manusa kudu ngahormat ka niléi-niléi luhung anu diwariskeun ti leluhurna, jeung bisa ngajalankeun akhlak nu saé. Dadasar ieu manehna jadi ngarti soal HAM jeung Akhlak nu sae. Panggih jeung Meng Tse nyebutkeun hadé goréngna jeléma gumantung ka pangurus pamaréntahan negara. Anapon jeléma jadi jahat kusabab pamaréntahannana belegug jeung goréng patut ngokolakeun masyarakatna, da dasar jeléma mah condong kanu cageur, bageur jeung bener. Dadasar elmu ieu jadi ngarti soal ilmu politik jeung katatanagaraan. Ngarasa geus tutug élmu manéhna balik deui ka nagara asalna hayang ngamalkeun élmu panemuna, terus cumarita ka salah sahiji Ustad nu sohor dina Tipi. “Sim uing geus indit studi-banding ka Cina, ngamalkeun hadits nu mashur: Tuntutlah elmu népi ka negri Cina”. Ceuk Ustad : “ Har ari Yayi, sing emutnya, kadé éta hadits téh dhoip anggur mah ngupingkeun ceramah abdi dina Tipi, dijamin hadits nu dicutat ku abdi kabeh sarohéh”. Manehna jadi loba ngahuleng. Frustasi teu walakaya ningal kaayaan di nagrina, loba ngadu dalil ngan palebah praktekna naha jadi asa suwung, tungtungna jalma eta hijrah ka New Zealand nu ceuk pamanggihna mangrupakeun nagara nu pang islamina. Baktos. mz Salam
