Naon bedana Gus Maman jeung Muhammad Zen, INITIAL-na sarua "MZ"

 

________________________________
 Dari: Gus Maman <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Senin, 19 Desember 2011 14:01
Judul: [kisunda] Fiksi mini #Dalil vs Praksis#
 
 
   
 
Fiksi mini #Dalil vs Praksis#

Sanajan geus loba gelar nu
kacangking, Prof Dr. Jay Ramesh, PHD,DKM PKL.,  angger haus ku élmu
hanaang ku pangarti. Ngingkig indit ngojéngkang ka Nagri Cina pédah 
maca aya katerangan na Hadits : “Tuntutlah elmu népi ka negri Cina”.  
Di Cina
panggih jeung 3 jalma luhung élmu jembar pangarti.

Laotzé nyaritakeun
yén jélema kudu percaya kanu kakuatan Ghoib anu ngatur alam semesta,
Yin jeung Yang. Neuleuman elmu ieu manehna jadi boga elmu "Traditional Chinese 
Medicine". Apan dina Islam oge rukun Iman nomor hiji kudu percaya kanu hal-hal 
ghoib.

Panggih jeung Kong Fu  Tsé nyebutkeun yén manusa kudu ngahormat ka
niléi-niléi luhung anu diwariskeun ti leluhurna, jeung bisa ngajalankeun
akhlak nu saé. Dadasar ieu manehna jadi ngarti soal HAM jeung Akhlak nu sae.

Panggih jeung Meng Tse nyebutkeun hadé goréngna jeléma gumantung  ka
pangurus  pamaréntahan negara. Anapon jeléma jadi jahat kusabab
pamaréntahannana belegug jeung goréng patut ngokolakeun masyarakatna,
da dasar jeléma mah condong kanu cageur, bageur jeung bener. Dadasar elmu ieu 
jadi ngarti soal ilmu politik jeung katatanagaraan.


Ngarasa
geus tutug élmu manéhna balik deui ka nagara asalna hayang ngamalkeun
élmu panemuna,  terus cumarita ka salah sahiji Ustad nu sohor dina
Tipi. “Sim uing geus indit studi-banding ka Cina, ngamalkeun hadits nu
mashur: Tuntutlah elmu népi ka negri Cina”.

Ceuk Ustad : “ Har ari Yayi, sing emutnya, kadé éta hadits téh dhoip anggur mah
ngupingkeun ceramah abdi dina Tipi, dijamin hadits nu dicutat ku abdi
kabeh sarohéh”. 

Manehna jadi loba ngahuleng. Frustasi teu walakaya
ningal kaayaan di nagrina, loba ngadu dalil ngan palebah praktekna naha jadi 
asa suwung, tungtungna jalma  eta hijrah ka New Zealand nu ceuk
pamanggihna mangrupakeun nagara nu pang islamina.

Baktos.
mz


Salam
     
         

Kirim email ke