Jiga nu geus diduga, ti anggalna, dina postingan ti heula. Mun ngarujuk
kana ayat Qur'an (asumsina Qur'an-na sarua), bakal aya variasi dina
tarjamah/tafsirna. Enya we geuning:

>>*Maka istri-istri yang telah kamu nikahi secara mut‘ah di antara mereka,
berikanlah kepada mereka maharnya (dengan sempurna) sebagai suatu kewajiban*
;

Tarjamah DEPAG: Maka isteri-isteri yang telah kamu ni'mati (campuri)
diantara mereka, berikanlah kepada mereka maharnya (dengan sempurna),
sebagai suatu kewajiban;

Aya hadena upama jamaah Ki Sunda, noongan tarjamah sumber lainna.

2011/12/26 Mohammad zen <[email protected]>

> **
>
>
> Ayat Nikah Mut’ah
> Annisa :24
>
> وَ الْمُحْصَناتُ مِنَ النِّساءِ إِلاَّ ما مَلَكَتْ أَيْمانُكُمْ كِتابَ
> اللهِ عَلَيْكُمْ وَ أُحِلَّ لَكُمْ ما وَراءَ ذلِكُمْ أَنْ تَبْتَغُوا
> بِأَمْوالِكُمْ مُحْصِنينَ غَيْرَ مُسافِحينَ *فَمَا اسْتَمْتَعْتُمْ بِهِ
> مِنْهُنَّ فَآتُوهُنَّ أُجُورَهُنَّ فَريضَةً* وَلا جُناحَ عَلَيْكُمْ فيما
> تَراضَيْتُمْ بِهِ مِنْ بَعْدِ الْفَريضَةِ إِنَّ اللهَ كانَ عَليماً حَكيماً
> *[image: l]*
> dan (diharamkan juga kamu menikahi) wanita yang bersuami, kecuali
> budak-budak wanita yang kamu miliki. (Allah telah menetapkan hukum itu)
> sebagai ketetapan-Nya atas kamu. Dan dihalalkan bagimu selain wanita-wanita
> yang telah disebutkan itu, (yaitu) mencari istri-istri dengan hartamu untuk
> dinikahi, bukan untuk berzina. *Maka istri-istri yang telah kamu nikahi
> secara mut‘ah di antara mereka, berikanlah kepada mereka maharnya (dengan
> sempurna) sebagai suatu kewajiban*; dan tiadalah dosa bagimu terhadap
> sesuatu yang kamu telah saling merelakannya, sesudah menentukan mahar itu.
> Sesungguhnya Allah Maha Mengetahui lagi Maha Bijaksana.
>
> Bagian anu jelas nunjukkeun kana ayat Mut’ah:
> *فَمَا اسْتَمْتَعْتُمْ بِهِ مِنْهُنَّ فَآتُوهُنَّ أُجُورَهُنَّ فَريضَةً***
> *Maka istri-istri yang telah kamu nikahi secara mut‘ah di antara mereka,
> berikanlah kepada mereka maharnya (dengan sempurna) sebagai suatu kewajiban
> *
> *Istamta’tum *di dalam terjemahan depag tidak dengan kata Mut’ah, tetapi
> menggunakan arti lughawi yaitu kalau terjemahan depag begini adanya :
> Maka karena kenikmatan yang telah kamu dapati dari mereka......
> Istilah “istamta’a “ lamun diterjemahkeun kana lughawi artina ngaraosan
> kanikmatan. Tapi dina basa Alquran, kedah ningali kana asbab nuzul kana
> makna ayat, anu eta asbab nuzul teh tiasa jadi tafsiran kana makna lafadz.
> Lamun urang ningali tina asbab nuzulna ayat ieu pikeun nikah mut’ah sanes
> balik kana bahasa lughawina (anu insyaallah engke dibahas dina pembahasan
> riwayat). Salah sahiji contoh dina tafsir kabi na fahrurrazi kana ayat ieu
> riwayat ti amran ibn alhashain nyebatkeun :
> نزلت آية المتعة في كتاب علينا و لم تنزل بعدها آية تنسخها و أمرنا بها رسول
> الله و تمتعنا بها و مات ولم ينهنا عنه، ثم قال رجل برأيه ما شاء
> Tos turun ayat mut’ah dina kitab (Alquran) ka urang sadaya, teu turun
> saatosna ayat anu ngahapusna, rasulullah saw menghalalkanna jeung kami
> ngalaksanakan nikah mut’ah ieu , nepi ka rasulullah saw wafat teu pernah
> ngalarang kana eta nikah mut’ah, teras saatosna aya jalmi (khalifah kadua)
> ku pandanganna ngalakukan naon anu dipikahayang (ngahapus nikah mut’ah).
> Insyaallah pembahasan lengkapna dina pembahasan riwayat.
> Jadi lamun aya ayat, teras rasul nyalira anu ngajelaskeun istilah ayat
> atanapi lafadz maka teu tiaa balik deui eta makna kana makna lafadzna,
> saperti makna shalat , haji jeung nu sanesna, Shalat lamun ku tina
> lughawina doa, tapi maksud shalat ieu sanes ku lughawi tapi ku istilah
> tafsir anu dijelaskeun, nyaeta saperangkap bentuk ibadah mulai ti
> takbiratul ihram nepi ka tahiat. Kitu oge Haji , Hajj yahujju maka
> lughawina qashadahu (maksud), tapi haji sanes makna lughawi anu dimaksud
> tapi makna istilah anu tos dijelaskeun seperangkat ibadah di bulan haji di
> mekkah.
> Urang bahas deui kana tafsir-tafsir jeung riwayat sanesna perihal asbab
> nuzul eta ayat tanpa ningali pembahasan lainna (di hapus atawa henteuna):
> 1. Tafsir Kabir Arrazi anu diluhur tos ditulis
> 2. Fathul Qadir Syaukani maksud ayat eta :
> قال الجمهور: إن المراد بهذه الآية:
> نكاح المتعة الذي كان في صدر الإسلام‏
>
> Jumhur ulama nyarios : maksud eta ayat nikah mut’ah nu mana dihalalkeun di
> zaman jumenengna Rasul saw.
> 3. At- Tanzil Wa At-Tahrir  -- penulis Ibn Asyur
> و ذهب جمع: منهم ابن عباس، و أبيّ بن كعب، و ابن جبير: أنّها نزلت في نكاح
> المتعة لما وقع فيها من قوله: فَمَا اسْتَمْتَعْتُمْ بِهِ مِنْهُنَّ. و نكاح
> المتعة: هو الذي تعاقد الزوجان على أن تكون العصمة بينهما مؤجّلة بزمان أو بحال
> Kumpulan jamaah saperti : Ibn Abbas, Ubay ibn Ka’ab, Ibn Jubair: ayat eta
> turun pikeun nikah Mut’ah anu ditunjukkeun ku kalimah : *famastamta’tum
> bihi minhunna*, nikah mut’ah nyaeta : aqad diantara dua pasangan supaya
> bisa jadi halal diantara kaduana dina waktu sareng kayaan anu tos
> ditetapkeun.
> 4. Tafsir Al-Quran Al-Adzim --- Ibn Katsir
> و قد استدل بعموم هذه الآية على نكاح المتعة، و لا شك أنه كان مشروعا في
> ابتداء الإسلا
> Ayat eta ku makna umumna pikeun dalil kana nikah mut’ah, teu diragukeun
> deui yen eta nikah mut’ah disyariatkeun di awal-awal Islam.
> 5.  Jamiul bayan fi tafsir Alquran --- Thabari
> ثنا عبد الله بن صالح، قال: ثني معاوية بن صالح، عن علي بن أبي طلحة، عن ابن
> عباس، قوله: فَمَا اسْتَمْتَعْتُمْ بِهِ مِنْهُنَّ فَآتُوهُنَّ أُجُورَهُنَّ
> فَرِيضَةً المتعة يقول: إذا تزوج الرجل منكم ثم نكحها مرة واحدة فقد وجب
> صداقها كله. و الاستمتاع هو النكاح
> .... ti ibn Abbas, tina ayat : *famastamta’tum bihi minhunna faaatuhunna
> ujuurahunna faridhatan* eta (nikah) Mut’ah, maranehanana nyarios : lamun
> nikah lalaki diantara anjeun teras nikah kaawewe wajib ka anjeun nyerahkeun
> maharna sadayana. ALISTIMTA’ nyaeta NIKAH (mut’ah).
>
> 6. Aljami’ lil Ahkamil Quran – Qurthubi
> قال الجمهور: المراد نكاح المتعة الذي كان في صدر الإسلام. وقرا ابن عباس و-
> أبي و- ابن جبير (فما استمتعتم به منهن إلى أجل مسمى فآتوهن أجورهن)
>  Jumhur nyarios : maksad dina eta ayat nikah mut’ah anu dihalalkeun di
> zaman rasulullah saw , Ibn Abbas, Ibai, sareng Ibn Jubair tina qiraatna
> nyebatkeun : “Cing saha anu mut’ah ka maranehanan (istri) nepi kanu waktu
> anu ditetapkeun maka pasihan maranehanana mahar”.
>
> 7. Ad-Durul Mantsur --- Suyuthi Jalaluddin
> و أخرج ابن أبى حاتم عن ابن عباس قال كان متعة النساء في أول الإسلام كان
> الرجل يقدم البلدة ليس معه من يصلح له ضيعته و لا يحفظ متاعه فيتزوج المرأة
> إلى قدر ما يرى انه يفرغ من حاجته فتنظر له متاعه و تصلح له ضيعته و كان يقرأ
> فما استمتعتم
>  Ibn Abi Hatim ngaluarkeun hadits ti ibn Abbas , anu eusina : nikah
> Mut’ah nisa di zaman rasulullah jumeneng diberlakukeun.....
>
> 8. Alkasyaf  -- Zamakhsyari
> Jeung kitab tafsir sanesna anu nunjukkeun yen “Istimta’ didieu maknana
> nikah Mut’ah.
> Jadi Mut’ah dihalalkeun  ti zaman turunna ieu ayat, pembahasan selanjutna
> perihal naha ieu ayat teh dinasakh atawa henteu??? Saacana urang lebet
> heula kana pembahasan riwayat kana ieu ayat.
>
>
> Zen
>
>  
>

Kirim email ke