Pak Murtadho katelah ajeungan faham Syiah anu ekstrim, boga anak opat kabeh
awewe. Hiji mangsa Dulkahar, santrina Pak Murtahdo hayang boga pamajikan, ngan
hanjakal can boga pagawean anu netep. Ceuk pikiran Dulkahar, pikeun
ngalepaskeun hawa napsu sahwat anu sampe kana ubun-ubun gampang carana, pan aya
teori kawin mut'ah anu henteu merlukan biaya nafkah, anu waktuna ditangtukeun.
Hiji poe si Dulkahar ngawanikeun maneh datang ka Pak Murtahdo anu maksudna
hayang ngawin anakna ku jalan mut'ah. Ngadenge panuturan si Dulkahar, eta Pak
Murtado lain gumbira, malah nyokot bedog seket anu disimpen di dapur pokna teh
:"Siah teh haram jadah, na kumawani rek ngulinkeun anak aing!! Cuih !! Indit
siah, aing henteu hayang ngedenge!!. Ditembal ku Dulkahar "Kumaha Pak Kiyai
teh, ceunah meunang kawin mut'ah, halalan toyibah, na Pa Kiyai jadi ambek
kitu?". Ditembal deui ku Pak Murtado : "Congor siah, tong ngomong deui!!!"