Halalan toyiban soteh "KEUR ABAH" Keur nyaneh mah "HALOOOOOMMMMM" .......
________________________________ Dari: Sp Saprudin <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Selasa, 27 Desember 2011 10:51 Judul: [kisunda] ANAK AJEUNGAN Pak Murtadho katelah ajeungan faham Syiah anu ekstrim, boga anak opat kabeh awewe. Hiji mangsa Dulkahar, santrina Pak Murtahdo hayang boga pamajikan, ngan hanjakal can boga pagawean anu netep. Ceuk pikiran Dulkahar, pikeun ngalepaskeun hawa napsu sahwat anu sampe kana ubun-ubun gampang carana, pan aya teori kawin mut'ah anu henteu merlukan biaya nafkah, anu waktuna ditangtukeun. Hiji poe si Dulkahar ngawanikeun maneh datang ka Pak Murtahdo anu maksudna hayang ngawin anakna ku jalan mut'ah. Ngadenge panuturan si Dulkahar, eta Pak Murtado lain gumbira, malah nyokot bedog seket anu disimpen di dapur pokna teh :"Siah teh haram jadah, na kumawani rek ngulinkeun anak aing!! Cuih !! Indit siah, aing henteu hayang ngedenge!!. Ditembal ku Dulkahar "Kumaha Pak Kiyai teh, ceunah meunang kawin mut'ah, halalan toyibah, na Pa Kiyai jadi ambek kitu?". Ditembal deui ku Pak Murtado : "Congor siah, tong ngomong deui!!!"
