Salam,

Kang Sp yang saya hormati, surat almaidah jeung annahl 116 sanes pembahasan 
nikah mut'ah, ieu mah pembukaan dina tulisan, coba macana cing lengkep, 

maksud pembukaan ieu yen Manusa mah moal aya kamampuan ngahalalkeun naon anu 
diharamkeun ku Allah kitu oge teu bisa ngaharamkeun naon anu dihalalkeun ku 
Allah walau nabi sakalipun

jadi kuring ngabahas ku dua cara :
1. cara kaidah umum : yen manusa 
teu aya urusan masalah hukum , hukum urusan Allah, Nabi wae ngan saukur 
nyampeikeun jeung ngajelaskeun teu aya hakna urusan ngarobah, 
﴿يا
أَيُّهَا النَّبِيُّ لِمَ تُحَرِّمُ ما أَحَلَّ اللهُ لَكَ تَبْتَغي‏ مَرْضاةَ
أَزْواجِكَ وَ اللهُ غَفُورٌ رَحيمٌ﴾
Hai nabi, mengapa kamu mengharamkan apa
yang telah dihalalkan oleh Allah bagimu demi mengharapkan kesenangan hati 
istri-istrimu?
Dan Allah Maha Pengampun lagi Maha Penyayang. 


coba tingali annahl ayat I, anu eusina yen nabi wae teu aya hak kanu ngarobah...

kukituna ku kaidah umum wae sadaya hadits anu ngarobah hukum bathil ayana, komo 
, ti Umar bin khatab mah masalah mutah, teu berlaku ayana.

2. anu kadua ku cara khusus, ku penelitian hadits, dhaif atawa henteuna (dina 
sesi ka 5 bari can tamat) atawa ku keterangan sahabat jeung para tabiin, anu 
kanyataanana mereka oge ngahalalkeun...

kitu maksadna ...



tah lamun dihubungkeun kana nikah mut'ah, anu cenah aya penghapusan ti manusa 
maka ku kaidah umum ieu bathil ayana... lamun hoyong ditaliti kana elmu rijal 
sareng periwayatanana dhaif ayana anu ngahapus tea.. kuring nyebatkeun hadits 
dhaif ieu nembe hiji... lamun hoyong ditambihan deui...dina sesi ka 5 B

tapi lamun teu perlu dilanjut sesi ka 5 nepi ka 7 oge teu jadi masalah, ari 
cukupmah, lamun perlu dilanjut ku kuring.. 



kadua, mangga saha wae, deuk profesor sekalipun undang ka ieu milis, atawa deuk 
USTAD pangkat TILU oge.. kuring siap mangg urang diskusi biidznillah wa 
rasulillah wa ahlabaitihi... ku syarat ilmiah teu adigung teu ngambek teu aya 
unsur fitnah ... tenang terkendali... kuring siap, ngan kudu ditempo ku nu 
sanes ulah ngan duaan.. supaya nu sanes bisa ningali saha anu hak saha anu 
bathil...

Ahlussunnah dulur oge jeung syiah, nt seueur maca buku fitnahan wahabi kang 
bari teu ningali hadits syiah langsung, taros heula, saya pribadi kana hadits 
syiah tos apal unggal  poe dibahas kukuring, teu aya model jiga akang 
sebatkeun... lamun aya oge bilih aya lepat pemahamanan atawa haditsna dhaif,

coba lamun akang maca aya hadits model kieu : ''shalat jeung maranehanana, 
kulantaran shalat jeung maranehanana pahala ageung'' maksudna shalat jamaah 
jeung mazhab lainna, atau mazhab suni ...
syiah boga hadits model kieu : cing saha jalma anu maca shahadatain dijaga 
nyawana (diaku islamna) boh eta muktazilah, suni, asyariah, wahabi sakalipun...
ngan anu masalah mah khawarij jeung nashibi (pembenci ahlulbait nabi as). dua 
golongan eta jamnan ayeuna aya di golongan wahabi, tapi teu kabeh wahabi, 
sabagean wahabi oge aya anu lain khawarij atawa nasibi, anu kalebet manehanana 
samodel wahabi au gampang ngakafirkeun, gampang bunuh sasama umat islam, 
ngahalalkeun darah jalmi anu tawasulan , ziarah kubur dll 


coba salah sahijina tingali dina kitab syiah ushul kafi juz kadua hal 25
الاسلام شهادة أن لا اله الا الله ،و التصديق برسول الله (ص ، و به حقنت الدماء و 
عليه جرت المناكح و الموارث ، و على ظاهره جماعة الناس

artina :
Islam nyeta ku gaku Syahadat tiada tuhan selain allah, ngabenerkeun rasulullah 
(Muhammad saww), dijaga naywana, boleh diberlangsungkeun pernikahan, jeung 
perwarisan, sacara dzahir termasuk  masyarakat  Islam..

jadi mana aya cemoohan ka sasama umat Islam.. kang...langkung sae akang ati2 
maca buku2 fitnah (kopi paste) taros mangga naon anu teu terang, insyaallh 
kuring ngajawab lamun tiasa.

masalah katilu.. kuring ieu nulis sanes kopi parte tapi hasil dina tahkik , 
dina sabaraha kitab, jeung hadits anu aya... 


masalah nikah mut'ah masalah fiqhiaah (furu ) sanes ushul.. ulah pahili... ah 
jigana mah akang kedah banyak diskusi masalah epistemoleogi islam heula jigana 
mah...
atawa mukaddimah ilmu-ilmu islam.


ngan lamun dina pengetahuan ilmu , pesen ieu mah ulah taashub.. teangan sacara 
taliti,


eh perlu henteu dilanjut sesina???

wassalam

Zen


________________________________
 From: Sp Saprudin <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Sent: Tuesday, December 27, 2011 11:11 AM
Subject: Bls: Bls: [kisunda] Pembahasan Nikah Mutah ( Pembukaan)
 

  
mbung akh, uing mah deet keneh, rek ngadagoan naha maranehna bisa nyutat 
pendapat tina kitab-kitab maranehanana
Mang Dikdik, ibarat jualan, maranehna teh keur jualan..........
Dr. Muhammad Zen kuduna diadukeun jeung guru uing Ustad Ahmad J.H. di LPPI

Dari: Dikdik <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Selasa, 27 Desember 2011 13:41
Judul: Re: Bls: [kisunda] Pembahasan Nikah Mutah ( Pembukaan)
 

  
ngarah jelas tur jadi leuwih lieur, cik atuh mang SP ngalungkeun oge rujukan ti 
kitab2 syiah nu disebutkeun eta
jadi, kang zen mah copas kitab2 sunni, mang SP copas kitab2 syiah
pan jadi jelas tuh lieurna haha...

nu jelas mah, ngarah pendapat mang SP yen kitab2 syiah teh loba hujatan jeung 
celaan teu sakadar pendapat, tapi bisa dipaluruh oge ku baraya, utamana baraya 
nu syiah kana kitab2 eta

ari si uing mah euweuh elmuan, nongtong weh bari mulungan lah...

mangga, lajengkeun

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Mang Dr. Muhammad Zen, uing ilu lieur deui :
> Dalil al Qur'an surat Al Maidah : 87 jeung An Nahl : 116  jeung Ali Imron 
> ayat  94 nempo asbabunnuzulna henteu aya hubunganan jeung urusan Mut'ah
> Ceuk Mang Dr. Muhammad Zen Kawin Mut'ah ngarupakeun Syariat Islam lain 
> Syairat Mazhab. Ieu syariat nurutkeun faham Syiah, jeung Syiah lain bagian 
> tina Mazhab, sabab ieu lain sakadar masalah furuiyah tapi masalah Ushul.
> Uing lieur, noong kana kitab-kitab Syiah eusina loba hujatan ceung celaan ka 
> Ahlussunah, samantara waktu ieu Dr. Muhammad Zen ngawangun ukhuwah, anu 
> dalilna kopi paste pandapat kalangan Ahlussunah Wal Jamaah.
> Rek ngabobo urang Baduy, ceuk urang Baduy kop wae uing mah moal sasar jalan, 
> bisa ngaragap alurna sanajan ngaburayatkeun dalil-dalilna oge.
>   
> 
> ________________________________
>  Dari: Mohammad zen <zenhusein@...>
> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
> Dikirim: Senin, 26 Desember 2011 3:11
> Judul: [kisunda] Pembahasan Nikah Mutah ( Pembukaan)
> 
> 
> 
>   
> 
> Nikah Mut’ah Salah
> Satu Syariat Islam 
> Bukan Syariat Mazhab 
> Mukaddimah 
>                 Dina
> pembahasan ieu urang mertelakeun perihal salah sahiji Syariat Islam anu dina
> sabagean diperdebatkeun dina masalah tilu sisi , kahiji masalah ayana eta
> syariat, anu kadua masalah dihapus atawa henteuna eta syariat, anu katilu 
> masalah
> hubungan eta syariat jeung kaayaan urang ayeuna. Eta syariat anu dimaksad
> nyaeta NIkah Mut’ah. 
>                 Bahasan
> ieu diuangkap sanes maksadna ngajak atawa marentah kana nikah mut’ah, tapi
> bahasan ieu ayeuna pikeun penjelasan wungkul kana syariat  Allah , teu
> aya maksud sanesna lamun istilahna mah “fi maqamilbayan”  ngan saukur
> penjelasan wungkul. Syariat Islam deuk beurat deuk henteu ari penjelasan mah
> kudu ayana. Ulah disumput-sumput. Ku Maksad anu disebatkeun dina Quran yen
> urang teu meunang ngahalalkeun naon anu diharamkeun ku gusti Allah kitu oge
> urang ulah ngharamkeun naon anu dihalalkeun ku Gusti Allah, sabab hal ieu 
> salah
> sahiji karakter ahlulkitab anu diancem ku Allah Swt, ku kituna Allah Swt
> masihan peringatan ka jalmi beriman saperti dina ayat: 
> يا
> أَي�`ُهَا ال�`َذينَ آمَنُوا لا تُحَر�`ِمُوا طَي�`ِباتِ ما أَحَل�`َ اللهُ 
> لَكُم�' وَلا
> تَع�'تَدُوا إِن�`َ اللهَ لا يُحِب�`ُ ال�'مُع�'تَدينَ 
> Hai orang-orang yang beriman, janganlah
> kamu haramkan apa-apa yang baik yang telah Allah halalkan bagimu, dan 
> janganlah
> kamu melampaui batas. Sesungguhnya Allah tidak menyukai orang-orang yang
> melampaui batas. 
>  (Almaidah: 87) 
>   
> Larangan ngarubah-rubah naon anu tos ditetapkeun ku Allah Swt 
>   
> وَلا تَقُولُوا لِما تَصِفُ أَل�'سِنَتُكُمُ ال�'كَذِبَ
> هذا حَلالٌ وَ هذا حَرامٌ لِتَف�'تَرُوا عَلَى اللهِ ال�'كَذِبَ إِن�`َ ال�`َذينَ
> يَف�'تَرُونَ عَلَى اللهِ ال�'كَذِبَ لا يُف�'لِحُونَ 
> Dan lantaran kebohongan yang selalu
> mengalir dari lidahmu, janganlah kamu mengatakan, “Ini halal dan ini haram”, 
> demi
> mengada-adakan kebohongan terhadap Allah. Sesungguhnya orang-orang yang 
> mengada-adakan
> kebohongan terhadap Allah tiadalah beruntung. 
> (Annahl: 116) 
>   
> فَمَنِ اف�'تَرى‏ عَلَى
> اللهِ ال�'كَذِبَ مِن�' بَع�'دِ ذلِكَ فَأُولئِكَ هُمُ الظ�`َالِمُونَ 
> Maka barang siapa mengada-adakan dusta
> terhadap Allah sesudah itu, maka merekalah orang-orang yang zalim. 
> (Ali imran :94) 
>   
> Ku Kituna, Maksad pembahasan ieu ngan saukur penjelasan kana naon-naon anu
> diterangkeun Allah sareng nabina dina Alquran. Perihal hal-hal lainnya , balik
> deui kana mukallaf masing-masing. 
>                 Mudah-mudahan ku
> penjelasan ringkes ieu urang tiasa ningali kana naon anu bener naon anu salah,
> naon anu fitnah naon anu lainna, kulantaran sabagean ti golongan wahabi anu 
> tos
> tertanam kebencianana ka Umat Islam umumna khususna ka syiah, nyebarkeun
> buku-buku fitnah anu henteu aya dalil sareng penjelasan anu jelas jeung 
> bener. Maksud
> aranjeuna ngan saukur nyieun karusuhan sareng fitnah kana golongan lainna. 
> Nyumputkeun
> naon anu kudu dijelaskeun, ngaya-ngaya naon anu euweuh, bari jeung aib 
> maranehanana
> disumputkeun tina saku. Mudah-mudahan ku penjelasan ilmiah ieu urang bisa
> langkung dewasa kana ruang lingkup elmu anu luas jeung luhur, urang bisa
> ngahormatan ka batur jeung ka dulur, urang bisa ati-ati kana pependak naon anu
> teu apal dicandak. Insyaallah. 
>   
>   
> MATERI 
> Materi singkat ieu sangaja disusun anu dicandak tina Quran, sareng tafsir
> kitab suni, sareng kitab hadits , kitab ulama suni. Henteu dihubungkeun kana
> kitab-kitab syiah, kulantaran ari dina syiah mah tos jelas ayana, anu
> diperdebatkeun dina Mazhab suni. Mudah-mudahan tahkik (penelitian sim kuring)
> ieu tiasa aya faedahna. Tambihan deui ieu sumber ngan saukur SABAGEAn wungkul,
> kulantaran ku seueurna sumber kana ayana nikah Mut’ah  ieu. 
> (ngan meureun lamun aya salah ketik, atawa kesalahan lainna, koreksi wae,
> bilih teu ka edit...) 
> Pembahasan ieu urang bagi kana 7 sesi : 
> 1. Penjelasan tafsir ayat nikah mut’ah (Annisa :24) 
> 2. Riwayat anu ngajelaskeun nikah Mut’ah 
> 3. Keterangan Nikah Mutah ti para sahabat 
> 4. Keterangan nikah mut’ah ti para tabiin, jeung ti paraulama suni , fuqaha 
> suni sareng penjelasanana 
> 5. Dalil-dalil kana pelarangan atawa penghapusan Nikah Mut’ah anu sabagean
> tos disebatkeun ku kang SP dina milis ieu sareng jawaban anu eusina nikah 
> mut’ah
> teu dihapus nepi ka akhir zaman. 
> 6. Kerancuan nikah Misyar (wahabi) , Ijtihad tanpa dalil, perbedaan jeung
> nikah mut’ah, sareng tanya jawab. 
> 7. Kesimpulan 
> 
> 
> Zen
>




 

Kirim email ke