---------- Forwarded message ----------
From: Remi <[email protected]>
Date: 2012/1/3
Subject: Re: [Baraya_Sunda] Urang Sunda KUDU dipingpin ku rang Sunda?
To: [email protected]


Nuhun Kang MJ, tah genah aya bahan diskusikeuneun! Genah mun rame mah
pan!:))

Urang padungdengkeun tiap poin.

Analogi kana MKB teu neurak Kang euy. Alesanana kieu. Ari urang Sunda
ayeuna keur dijajah ku batur kitu? Ari ceuk pangrasa kuring mah ah henteu.
Masyarakat Sunda aya dina lingkungan politik RI. Kabeh warga RI boga hak
jang jadi pamingpin. Aya aturan anu nangtukeun yen hiji pamingpin lokal
KUDU datang ti lokal oge? Kumaha mun aya urang Sunda anu boga bakat jadi
paingpin rek jadi pamingpin Ache, terus DITOLAK latan beda etnik? Aturan
maen politik RI pan jelas, saha bae WARGA RI KUDU boga hak nu sarua.
Mun etnik Jawa jadi pamingpin SUnda, naon salah na? Anu paling penting keur
kuring mah KOMITMEN eta sakadang pamingpin, lain asal jeung katurunan.

Daripada diruksak, mendingan diwangun! Eta tah ideal kuring mah. Diruksak
ku saha bae oge... MOAL panuju he he he. Komo diruksak ku sorangan mah!
Balik kana urusan komitmen! Pamingpin KUDU ngawangun! Faktor anu paling
penting mah BAKAT mingpin. Urang Sunda masihn keneh kudu diajar mingpin.
Cara na... heueuh liwat oragnisasi. Tah, lebah dieu urang SUnda masih keneh
HENGKER. Kade... kruing lain ngagogoreng sorang. Ngan nempo bukti mah, nya
dalah dikumaha. Nu goreng ulah dipoles jadi alus!:)) Bopeng mah, da enya we
bopeng! Najan memang aya pamingpin etnik Sunda anu memang hasil na mucekil.
Tapi anu didiskusikeun di dieu pan lain eta. Anu jadi poko diskusi teh,
lain urusan asal muasal hiji paiminghpin anu PENTING, tapi ceuk kuring mah
pan KOMITMEN tea.

Urusan UI. Asa teu kudu dibalikan deui. Dina postingan2 sejen jelas pisan
sikep kuring. Pamingpin UI ayeuna gagal mingpin. Pro jeung kontra, KACI!:))
Ngan mun ningali objetif na: gagal suragal! Mun hiji kapamingpinan teu bisa
ngahijikeun organisasi anu dipingpin na, nya MOAL bisa dianggap sukses.
Hanjakal!

--- In [email protected], "mang jamal" <jamal@...> wrote:
>
>
> nuhun kang Syaifoel van Wassenaar...heuheu
>
> jadi inget ka jaman KMB di den haag. harita Hatta ditanya wakil pemerintah
> karajaan walanda. "naha maraneh bisa kitu ngurus nagara?" kitu kira-kira.
> Hatta cenah ngajawab, "nya kajeun tikerelep nu penting diurus ku urang,
> jeung barida ge euweuh urusan (jeung maraneh belanda, da tanah air urang
> indonesia).
>
> aya deui pamanggih kang asep salmon, baraya kusnet ngan teu aktif ayeuna.
> daripada rusak ku batur, mending rusak kusorangan. heuheu...
> ---
>
> tah mun make jurus Hatta, sapertos nu ayeuna kabuktos, nagara di urus
bangsa
> sorangan, kieu buktosna. jadi sok aya, kaasup si kuring nu aral atawa
> humandeuar, bangsa urang teh sigana teu bisa ngurus, nya atuh menta
dijajah
> walanda deui we. heuheu.
>
> yen pamingpin seler sejen bisa jadi hade, nya ngan ukur meureun jeung
> harepan, alatan beak dengkak. urang jawa oge teu kabeh siga Jokowi-walkot
> Solo nu cenah alus. sanajan mun kabeh pamingpin siga Jokowi, indonesia
> meureun edun. heuheu.
>
> sabenerna teu amburadul UI teh, ngan masalah 'kepentingan pulitik elit UI'
> cenah. diurus kang Gumilar, UI maju dina pangwangunan fisik. ngan meureun
> teu sabaran,  gayang ngebut. jadi biasalah, kanu rajin mah sok aya nu teu
> resep. tapi cenah cek dina opini kompas poe ieu, prof hukum UI nu nulis,
> masalahna aya dina UU atau peraturan pamarentah nu multitafsir. heuheu.
Ali
> sadikin basa ngurus DKI, loba nu ngecam, tapi jalan we, ongkoh Ali Sadikin
> tangtara galak didukung bung karno. jeung harita memang masih alam
otoriter.
> ayeuna alam demokrasi nu mancawura euforia. jeung saterusna.
>
> enya, seler Sunda loba boga kalemahan, tapi loba atawa aya oge kabisana.
nya
> contona mah Ali Sadikin. atawa Ir H Djuanda. tapi karek ngeuh, sihoreng
Ir H
> Djuanda teu make kandaraan partai jadi menteri utama atawa perdana
menteri,
> tapi ditunjuk langsung Bung Karno. tapi da ongkoh urusanana lieur: harita
RI
> keur muriang, loba daerah nyarieun dewan (militer) sawareh malah nepi ka
> berontak cara DI/TII jabar/sulses, RMS, dll. leungeun tiis/tangan dingin
> djuanda bisa meresan sakabehna (cenah da teu ngalaman, can lahir heuheu)
>
> geus ah..
>
>   _____
>
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
> Behalf Of Ki Hasan
> Sent: Tuesday, January 03, 2012 3:01 PM
> To: Ki Sunda; Urang Sunda
> Subject: [Urang Sunda] Fwd: [Baraya_Sunda] Urang Sunda KUDU dipingpin ku
> rang Sunda?
>
>
>
>
>
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: Remi <rsyaifoel@...>
> Date: 2012/1/3
> Subject: [Baraya_Sunda] Urang Sunda KUDU dipingpin ku rang Sunda?
> To: [email protected]
>
>
> Maca warta fwd-an Kang MH perkara pilgub Jabar tea, kuring rek miluan
> ngawadul. Ngan sigana mah (siga geus jadi kabiasaan he he he), kuring mah
> rada BEDA jeung pamanggih baraya sejen na. Bae lah, kuring mah sok
ngalantur
> ieuh!:))
>
> Naha enya urang Sunda wajib dipingpin ku etnis Sunda oge?
>
> Ah ceuk kuring mah teu kitu. Anu pangpenting na mah dina raraga neangan
> pamingpin teh. Komo da ieu mah urusan pulitik, hiji pamingpin (keun bae...
> teu masalaha ieuh ti mana asal (etnik) na, eta sakadang pamingpin KUDU
jeung
> WAJIB ngaraharjakeun masyarakat KABEH, sagemblengna bari teu dipilah2!
> Mun boga pamingpin 'asli'etnik Sunda, tapi kalakuanana TEU luyu jeung rasa
> Sunda, pan teu eucreug oge lin? Conto nu aya mah, pan kieu: piraku aya
> gupernur Jawa Kulon anu cenah mah urang Sunda make boga ketak
'ngaharamkeun'
> jaipongan? Pan NGACO! Pek bae rek pro jeung kontra kana ieu kekecapan
> gupernur tea ge, ngan keur kuring mha keukeuh we TEU nyambung. Sacara
tugas
> pulitik, oge teu nyambung jeung rasa urang.
>
> Anu jadi masalah keur bangsa urang (etnik Sunda), urang Sunda mah bet SIGA
> teu bisa mingpin! Kaderisasi calon paimingpin di masyarakat urang katempo
na
> MASIH (keneh) minim.
>
> Mun nempo kasus nasional ge pan kaciri. Aya rektor universitas nasional
> urang anu cenah dipingpin urang SUnda! Lain jadi alus... malah jadi
> amburadul!!!! Kumaha etah?:(((
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>




------------------------------------

http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links



Kirim email ke