Mun ninggali di luar Jawa, loba nu milih jurus Hatta jigana. Nya meureun
paling henteu, mun nu ngurusna mukim di eta tempat mah, najan teu merata
kaurus, ari lemburna sorangan mah piraku teu diurus. Hahaha

2012/1/3 mang jamal <[email protected]>

> **
>
>
> **
>
> nuhun kang Syaifoel van Wassenaar...heuheu
>
> jadi inget ka jaman KMB di den haag. harita Hatta ditanya wakil pemerintah
> karajaan walanda. "naha maraneh bisa kitu ngurus nagara?" kitu kira-kira.
> Hatta cenah ngajawab, "nya kajeun tikerelep nu penting diurus ku urang,
> jeung barida ge euweuh urusan (jeung maraneh belanda, da tanah air urang
> indonesia).
>
> aya deui pamanggih kang asep salmon, baraya kusnet ngan teu aktif ayeuna.
> daripada rusak ku batur, mending rusak kusorangan. heuheu...
> ---
>
> tah mun make jurus Hatta, sapertos nu ayeuna kabuktos, nagara di urus
> bangsa sorangan, kieu buktosna. jadi sok aya, kaasup si kuring nu aral
> atawa humandeuar, bangsa urang teh sigana teu bisa ngurus, nya atuh menta
> dijajah walanda deui we. heuheu.
>
> yen pamingpin seler sejen bisa jadi hade, nya ngan ukur meureun jeung
> harepan, alatan beak dengkak. urang jawa oge teu kabeh siga Jokowi-walkot
> Solo nu cenah alus. sanajan mun kabeh pamingpin siga Jokowi, indonesia
> meureun edun. heuheu.
>
> sabenerna teu amburadul UI teh, ngan masalah 'kepentingan pulitik elit UI'
> cenah. diurus kang Gumilar, UI maju dina pangwangunan fisik. ngan meureun
> teu sabaran,  gayang ngebut. jadi biasalah, kanu rajin mah sok aya nu teu
> resep. tapi cenah cek dina opini kompas poe ieu, prof hukum UI nu nulis,
> masalahna aya dina UU atau peraturan pamarentah nu multitafsir. heuheu. Ali
> sadikin basa ngurus DKI, loba nu ngecam, tapi jalan we, ongkoh Ali Sadikin
> tangtara galak didukung bung karno. jeung harita memang masih alam
> otoriter. ayeuna alam demokrasi nu mancawura euforia. jeung saterusna.
>
> enya, seler Sunda loba boga kalemahan, tapi loba atawa aya oge kabisana.
> nya contona mah Ali Sadikin. atawa Ir H Djuanda. tapi karek ngeuh, sihoreng
> Ir H Djuanda teu make kandaraan partai jadi menteri utama atawa perdana
> menteri, tapi ditunjuk langsung Bung Karno. tapi da ongkoh urusanana lieur:
> harita RI keur muriang, loba daerah nyarieun dewan (militer) sawareh malah
> nepi ka berontak cara DI/TII jabar/sulses, RMS, dll. leungeun tiis/tangan
> dingin djuanda bisa meresan sakabehna (cenah da teu ngalaman, can lahir
> heuheu)
>
> geus ah..
>
>  ------------------------------
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *Ki Hasan
> *Sent:* Tuesday, January 03, 2012 3:01 PM
> *To:* Ki Sunda; Urang Sunda
> *Subject:* [Urang Sunda] Fwd: [Baraya_Sunda] Urang Sunda KUDU dipingpin
> ku rang Sunda?
>
>
>
> ---------- Forwarded message ----------
> From: Remi <[email protected]>
> Date: 2012/1/3
> Subject: [Baraya_Sunda] Urang Sunda KUDU dipingpin ku rang Sunda?
> To: [email protected]
>
>
> Maca warta fwd-an Kang MH perkara pilgub Jabar tea, kuring rek miluan
> ngawadul. Ngan sigana mah (siga geus jadi kabiasaan he he he), kuring mah
> rada BEDA jeung pamanggih baraya sejen na. Bae lah, kuring mah sok
> ngalantur ieuh!:))
>
> Naha enya urang Sunda wajib dipingpin ku etnis Sunda oge?
>
> Ah ceuk kuring mah teu kitu. Anu pangpenting na mah dina raraga neangan
> pamingpin teh. Komo da ieu mah urusan pulitik, hiji pamingpin (keun bae...
> teu masalaha ieuh ti mana asal (etnik) na, eta sakadang pamingpin KUDU
> jeung WAJIB ngaraharjakeun masyarakat KABEH, sagemblengna bari teu dipilah2!
> Mun boga pamingpin 'asli'etnik Sunda, tapi kalakuanana TEU luyu jeung rasa
> Sunda, pan teu eucreug oge lin? Conto nu aya mah, pan kieu: piraku aya
> gupernur Jawa Kulon anu cenah mah urang Sunda make boga ketak
> 'ngaharamkeun' jaipongan? Pan NGACO! Pek bae rek pro jeung kontra kana ieu
> kekecapan gupernur tea ge, ngan keur kuring mha keukeuh we TEU nyambung.
> Sacara tugas pulitik, oge teu nyambung jeung rasa urang.
>
> Anu jadi masalah keur bangsa urang (etnik Sunda), urang Sunda mah bet SIGA
> teu bisa mingpin! Kaderisasi calon paimingpin di masyarakat urang katempo
> na MASIH (keneh) minim.
>
> Mun nempo kasus nasional ge pan kaciri. Aya rektor universitas nasional
> urang anu cenah dipingpin urang SUnda! Lain jadi alus... malah jadi
> amburadul!!!! Kumaha etah?:(((
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke