Hebat euy si akng albnduni ! Sok lah diukung ! Masing Al Bandung oge sami wae. Hahahaha
--- In [email protected], "albanduni@..." <albanduni@...> wrote: > > He.... Punten, cing beres heula mun ngomentaran. Kuring teu ngarti dina ieu > "urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan". > > Abdi ageman na Islam. Justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. Kaasup > wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi Ibrohim > dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na Islam > supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung > sajabana, mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen > ageman khas Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma > kaagamaan. Didieu urang ngalakukeun studi kritis agama. Tah ieu nu kahiji. > > Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab? Jigana > karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal mah > karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik dina > sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu asup Arab > oge. Jigana Hindu oge kalebet ageman urang India nya. Kumaha tah Hindu nu di > Bali sareng nu aya di sakuliah dunya nu lian ti India? Konghuchu oge disebat > ageman urang Cina nya? > > Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? jeung > kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang Sunda > kudu nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais? > > Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks budaya > dan perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna urusan na > jeung Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas geografis-etnis-bahasa sareng > lintas budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup jeung urang Sunda nu Islam oge > masih keneh aya nu ngamumule budaya Sunda. Malihan mah ayana Islam, khazanah > Sunda kalebet dinamis dina perkembangan sejarahna. > > Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian: > 1. konsep Tuhan > 2. konsep ajaran sareng "kitabsuci" > 3. konsep pembawa ajaran > 4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?) > > sakitu heula. da nu baheula oge geuning teu diwaler :-) > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
