Dulurs, Ngarah teu seurieus teuing, anggap we mun urang indit ka pasar atawa mall, bakal manggih rupa-rupa barang jeung kadaharan tinggal tangtukeun nu mana anu arek dibeuli/dipake ku urang. Mun teu resep kana hiji barang, ulah dibeuli! Tapi teu meunang ambek-ambekan ka nu ngajual barang pedah urang henteu resep atawa henteu beuki kana barang nu di jual ku si Eta. Pan pangabeuki jelema mah moal sarua, aya nu resep sangu, roti, martabak, surabi................jeung aya oge nu rupa-rupa pangaresepna, siga kuring anu beukian. Kitu oge nyinghareupan obrolan ngeunaan ageman, di 'pasar' teh aya rupa-rupa ageman nu masing-masing boga wanda mandiri. Tinggal kumaha urangna kamana arek milih, teu kudu nitah ngabubarkeun ageman nu itu atawa nu ieu pedah urang henteu 'beuki' atawa sieun loba batur anu sapangabeuki pindah kana ageman sejen. Bruk brak bukakeun, da mun barang nu 'dijual' si Eta hade mah tangtu loba nu resepeun, sabalikna mun barang nu dijual si Eta goreng, secara alami oge pasti ditaringgalkeun. Sakabehna bersaing secara 'fair play'. Sakitu nun.
________________________________ From: Abbas <[email protected]> To: [email protected] Sent: Friday, January 13, 2012 11:59 AM Subject: Re: Bls: [kisunda] ageman sunda Hebat euy si akng albnduni ! Sok lah diukung ! Masing Al Bandung oge sami wae. Hahahaha --- In [email protected], "albanduni@..." <albanduni@...> wrote: > > He.... Punten, cing beres heula mun ngomentaran. Kuring teu ngarti dina ieu > "urang islam dipaksa ninggalkeun shalat jueng dicaram disundatan". > > Abdi ageman na Islam. Justru dua hal eta dilakukeun ku urang Islam. Kaasup > wajib shalat mah, jeung sunatan mah geus ti jaman kangjeng nabi Ibrohim > dilaksanakeunna. Perkawis bade ngaluarkeun urang Sunda nu ageman na Islam > supados lebet Madrais atanapi Aliran Perjalanan, Sunda Wiwitan jeung > sajabana, mangga bae. Ngan kudu sae dina carana. Sok atuh geura iberan yen > ageman khas Sunda di Sunda teh langkung unggul sareng kiat dina paradigma > kaagamaan. Didieu urang ngalakukeun studi kritis agama. Tah ieu nu kahiji. > > Nu kaduana, cobi naon alesanna bet Islam dianggap agama urang Arab? Jigana > karesten oge ku Salira mah disebat agama urang Barat/eropa? padahal mah > karesten oge lahir di tanah Arab, palestina. Yahudi oge mun ditilik dina > sajarah lahirna asup agama urang Arab da lahirna dikawasan Mesir nu asup Arab > oge. Jigana Hindu oge kalebet ageman urang India nya. Kumaha tah Hindu nu di > Bali sareng nu aya di sakuliah dunya nu lian ti India? Konghuchu oge disebat > ageman urang Cina nya? > > Nu katilu, naon alesanna yen urang Sunda oge kudu boga agama sorangan? jeung > kudu nyepeng ageman nu khas Sunda? Naha aya nu nangtukeun yen Urang Sunda > kudu nganut Sunda Wiwitan, Aliran Perjalanan, atawa Madrais? > > Numutkeun simkuring, hubungan geografis jeung agama mah dina konteks budaya > dan perilaku umat beragama. ari perkwis doktrin sareng ajaranna urusan na > jeung Pangeran sareng Nabi. Ageman mah lintas geografis-etnis-bahasa sareng > lintas budaya. Di Sunda, Islam bisa hirup jeung urang Sunda nu Islam oge > masih keneh aya nu ngamumule budaya Sunda. Malihan mah ayana Islam, khazanah > Sunda kalebet dinamis dina perkembangan sejarahna. > > Nu kaopat, cing mun leres aya agama di tanah Sunda, kumaha rincian: > 1. konsep Tuhan > 2. konsep ajaran sareng "kitabsuci" > 3. konsep pembawa ajaran > 4. konsep saatos hirup di dunya (aya teu?) > > sakitu heula. da nu baheula oge geuning teu diwaler :-) >
