Episode
ka – 28 Babaturan Bella
Na hiji sore
bada asar; Bella nyampeurkeun ka Jalma, pok ngomong ku basa Holland:”Peuting
ieu kira2 Jam 7; jej bakal diajak ka Pesta Ultah babaturan Ik. Jej kudu siap
make pakean lengkep, nya.”
“Enya” cek
Jalma pondok.
Bada
Maghrib, Jalma geus make Pantalon, baju bodas; make dasi kukupu; terus disapatu;
Mevrouw Lidya barang kaluar nempo Jalma geus siap kitu nanya ( make basa
Holland ):”E Jalma, rek kamana andika, geus ginding kitu ?”
Jalma ngajawabna
ge ku Basa Holland deui:” Eta cenah, nona Bella rek ngajak UING ka Pesta Ultah
babaturanana.”
Mevrouw
Lidya:”gud. Ati2 nya, maneh kudu bisa mawa diri; ulah ngerakeun.”
Jalma:”heueuh,
mudah2an we atuh.”
Mevrouw:”Eta
maneh geus kenal samemehna jeung eta babaturan Bella ?”
Jalma:”Nu
matak henteu Nyonya, meureun langsung uing rek dikenalkeun sakalian.”
Mevrouw:”Heueuh
kitu; da Bella mah loba babaturanana teh, boh awewe boh lalaki.”
Keur kitu
Jol we Bella jeung dua babaturanana nu deukeut ka dinya; langsung dikenalkeun
ka Jalma; ari Mevrouw Lidya bari seuri someah, biasa nanya basa basi, da biasa
eta babaturan Bella sok kadinya. Ngaran nu lalaki Willem, ari wanojana ngaranna
Ellen.Cek Ellen, rada ngaharewos:”Bella temen jej yang mo dikenalin sama Ik tuh
ini?
De Man ist
Islander ?”
Bella:”Heueuh,
tapi ganteng kan ?”
Ellen:”Yep,
tapi tetep saja Inlander. Sori ya Bella.”
Bella:”Gak
apa apa; het ist sangat lumayan.”
Ellen:”Oh ya
ya ya; kumaha ari si Freddy ? kapan eta ge ganteng.”
Bella;”Nay
...... urang geus putus, si eta mah mata keranjang.”
Terus we
tiluanana mangkat, sanggeus pamitan ka Mevrouw Lidya; ngilu ka na kareta Bella;
da Bella mah beunghar, ari eta Ellen teh anak Mayor Heck.
Bangsa
Walanda, enya ge teu pati kaciri, tapi aya panta2na; aya Golongan Bangsawan
Luhur, aya Bangsawan kelas menengah, Ningrat handap, jeung Kaum Pangusaha; ari
Bella kaasup Pangusaha; nu matak Demokratis pisan; teu ngabedakeun teuing warna
kulit. Tapi ari Bangsa Gubernur Jendral mah, tah eta golongaan Ningrat luhurna;
wah kaningratan jeung warna kulit teh penting pisan; atawa dipake pisan. Cenah
manehna teh masih turunan ti Willem Van Oranye.
Ari
babaturan Bella nu Ultah teh di Kota, persisna di Mangga Besar. Kareta teh nuju
ka dinya; lampu petromax harurung, wah enya ge peuting haneuteun geuning,
manehna kakara ayeuna jalan2 peuting di Batavia; cek urang dinya mah, Betawi
cenah.
Ahirna nepi we ka imah babaturan nu Ultah tea. Barang asup, geus rada
loba oge nu daratang, barang bus geus langsung ditarima bari dirangkul; ku nu
boga hajat.
“Greta
selamat yareg nya”Cek Bella. Greta geuning ngaran babaturan Bella teh.
Terus we
Ellen jeung Willem ge sasalaman. Jalma ge nya sasalaman jeung Greta; Greta can
wawuh ka Jalma, terus nanya ka
Bella:”Bella mijn hart, wo ist de Man?”
Bella:”Tah
ieu ngaranna Jalma; tah nu ieu Ellen.”
Terus we
Jalma ngomong basa basi ka Greta; Greta heran oge, ku kabisa ieu inlander, enya
ge masih rada arap eurep eup; tapi lumayan we sakitu mah.
“Great!
Bella, meunang ti mana ieu babaturan inlander teh ?”
“Panjang
caritana Greta, engke we di Kampus didongengkeun, sok ayeuna mah laksanakeun
yareh tea, tuh geuning tamu2 loba deui nu daratang. “
Gancang wae
Greta ninggalkeun Bella, terus narima tamu2 nu sejen.
Terus we
Greta keprok, jol we pelayan2 mawa rupa2 inuman jeung kadaharan; nu pikeun
Jalma mah araheng kabehanana ge. Nya sanggeus upacara yarg na kelar, terus we
acara dansa dansi; Jalma rada rampang reumpeung oge, da saumur dumelah kakara
ayeuna nyaksian pesta ulang tahun atawa yareh tea. Wah nyata memang ceuk Ki
Nurustunjung, di Batavia mah loba nu araheng.
Ku sabab ngarumasakeun
maneh, nya Jalma mah mojok we, da nu sejen ge cuek pisan ka manehna teh; tapi
lain manehna wae nu ngarasa teu wawuh jeung sasaha teh, aya pamuda, manehna Bule
ngora tapi pakean basajan pisan; terus manehna nyampeurkeun ka Jalma; sasalman.
Richard cenah ngaranna. Ngaran Kulawarga na Chandler cenah. Lain urang walanda
tapi Englander.
Enya ge
urang Inggris , tapi ieu si Richard teh kacida someahna; terus we duanana
ngobrol uplek, jol cocog we; duana bari sakapeung nempo nu daransa terus we
ngobrol ku basa Melayu; lantaran cenah Richard lila di Malaya; da bapana usaha
di ditu; ayeunaa pindah ka Batavia kakara 3 taun cenah; bapana teh rekanan Tuan
Hendrik ; lantaran Teh ti Tuan Hendrik nya dijualna teh ka bapana Richard.
Ahirna Pesta
lekasan nya atuh ayeuna waktu pipisahan, Richard ngarasa cocog jeung Jalma;
terus we Jalma mere alamat ka Richard kitu deui sabalikna si Richard oge mere
adres ka manehna; saha we cenah nu salse tiheula datang. Daaaag!
HANCA