Geus rada beurang kakara Epon balik ka imahna. Isukna geus jol deui Nyi Epon, ayeuna mah bari mawa sampeu apuy aya ka na limana, mangkaning galede pisan. “Naon deui ieu teh Nyi Epon ? Mani kikiriman kieu ?” Cek Nyi Emeh. “Ah sampeu sakieu kieu wae mah, atuh jamak we ma, ka nu tos lami teu patepang. Sono Epon teh ka Ema.” Tembal Nyi Epon. Ma Emeh rada heran oge , ku naon ieu Nyi Epon aya ku bageur2 teuing Peutingna nya Jalma ditalek, terus we Jalma nyaritakeun pangalamanana jeung Begal di Pasir Bunccit; Nyi Emeh unggut2an, ngarti ayeuna mah. Sigana Nyi Epon naksir ka Jalma. Terus Nyi Emeh nanya kumaha ari Jalma ? Jalma nerangkeun masalahna jeung Nyi Syaripah. Nyi Emeh gogodeg, heran pisan ka na nu geus kaalaman ku Jalma. Dina waktu ieu ge Nyi Emeh nyaritakeun yen manehna baheula ngaleos ti Leuwiseeng, lantaran kanyenyerian ku “budak leungit”; teu bisa lila cicing di Leuwiseeng; unggal poe kasuat kaseuit wae; nya manehna nekad rek neangan anak; geus teu mikirkeun paeh hirup deui. Manehna geus teu nyaho rek kamana; pokona mah nutur2 indung suku teh enyaan. Sajajalan loba nu kaalaman ku Nyi Emeh; boh nu matak nyeri hate, boh nu pikabungaheun. Tapi rata2 mah Nyi Emeh teh katalangsara pisan sajeroning leumpang, bari teu puguh tujuan teh. Akhirna di hiji jalan nu nanjak Nyi Emeh teu kuat, les we katuralengan; inget2 geus di hiji bale2 di jero kamar; barang beunta; aya Dokter nu keur ngaropea manehna; kadenge ting karecewis bari manehna teu ngarti naon nu keur diomongkeun. Nu hiji lalaki nu mamake baju bodas bodas; bari mamawa alat cenah di na ceulina; terus nu hiji deui awewe nu masih ngora keneh. Euh meureun urang Kumpeni; rada kaget oge Nyi Emeh, naha geuning aya di dieu ? Si wanoja imut ka manehna mani someah pisan, supaya Nyi emeh tenang. Engkena Nyi Emeh nyaho yen eta teh Non Bella; nya Bella ieu cenah nu manggihan Nyi Emeh ngagoler sisi jalan; ku sabab rasa kamanusaan Bella memang gede; manehna harita rek balik ka Batavia; tapi nempo nu ngagoler eureun heula terus ngadon nulungan Nyi Emeh dibawa ka imahna di perkebunan; terus harita keneh manggil Dokter, nepi ka Nyi Emeh katulungan. Tah ti harita Nyi Emeh cicing milu ka Tuan Hendrik; kacida nganuhunkeunana Nyi Emeh ka Tuan Hendrik jeung kulawargana. Lantaran manehna ngarasa sasat geus ditumbu umur.Utamana ka Non Bella. Unggal poe nya sagawe gawe we Nyi Emeh teh, tapi memang dasarna Nyi Emeh lain Jelema pangedulan; sagala pagaweanana katarima ku Tuan Hendrik; diajar we sakali soal nyiram kebon; atawa ngepel nyeuseuh, langsung ngarti; nu matak Tuan Hendrik nyaaheun pisan ka Nyi Emeh teh. Sanggeus datang Jalma nu disebut “een gute Inlander” ; nu diangkat anak ku Nyi Emeh; Tuan Hendrik leuwih ngahargaan deui ka Nyi Emeh nepi ka diangkat jadi Kapala Rumah Tangga. Eta kitu dongengna nyi Emeh teh. Sajeroning ngadengekeun dongeng Nyi Emeh; Jalma teu nyarita sakecap kecap acan, lantaran hareneg, hawatir jeung loba rasa nu ngagolak di na dadana. HANCA
