Episode ka 33 Nyieun Mushalla di Leuwiseeng “Ari Jalma teh ti mana asalna urang mana ?” Nyi Emeh nanya ka Jalma di na hiji isuk2 bari ngopi sampeu kiriman ti Nyi Epon; Nyi Epon nu keur kaprak keprek di dapur mani racung2 ceulina hayang nyaho oge riwayat Jalma. Jalma ngahuleng heula sakeudeung, tapi terus ngalalakonkeun Ki Nurustunjung nu manggih budak keur ceurik di sisi leuweung. Kakara ge sakitu, Nyi Emeh motong:”Baruk ujang teh kapanggih di leuweung keur ceurik ? “ “Terus........... kumaha tah terusna ?” Nyi Emeh mani teu sabaran, padahal manehna nu tadi motong kalimah Jalma, ku sabab hal ieu teh kacida pentingna keur manehna mah. Nya Jalma ngalalakonkeun kahirupan manehna nepi ka panggih di Onderneming tea. Sajongjongan mah Nyi Emeh ngahuleng we; saterusna Nyi emeh bari lewa lewe nyarita:”Jalma , lamun eta budak teh enya anak ema nu leungit, meureun nya maneh bener2 anak ema; lain ngan ukur anak angkat; tapi ke aya tandana, aya tanda beureum di na cangkeng. Jalma ngagebeg; memang enya aya , ari kitu mah bener atuh ieu mak Emeh teh bener2 indung pituin; segruk we duanana careurik paungku ungku; Nyi Epon oge pipilueun milu ceurik deuih ka dinya; da nempo kabungah Jalma jeung Nyi emeh nu geus leungit ayeuna balik deui. Ngaran aslina nya eta Santika. Tapi cenah kumaha Jalma we; da urang ge kudu ngahargaan Ki Nurustunjung, nu geus ngajait Jalma jadi kawas ayeuna. Nya ti harita Jalma boga dua ngaran nya eta Santika jeung Jalma. Nyi Epon balikna hariweusweus bebeja ka sasaha, yen saenyana Jalma teh budak nu baheula leungit tea; atuh bring wae sakampungan ngadaratangan imah Nyi Emeh lantaran rek milu syukuran yen ayeuna indung jeung anak bisa paamprok deui . Bisa ngumpul deui. Ku sabab Nyi Emeh sering dibere duit waktu keur aya di Onderneming Van Hendrik; eta duit teh weuteuh pisan; ditambahan deui waktu balik ka Leuwiseeng, dibere duit 50 Gulden ku Tn. Hendrik; atuh bisa nyieun imah nu lumayan alus; keur engke cenah pibekeleun kolot. Ayeuna Nyi Emeh ge geus asup Islam. Salila di Leuwiseeng, loba nu dilakukeun ku Jalma; saperti ngajar Islam kumaha cara shalat nu bener ka urang lembur; teu karasa geus loba muridna Jalma teh. Nya na hiji waktu Jalma nyarita hayang boga “Mushalla” keur shalat berjamaah; nya atuh Tua kampung nyebutkeun sanggup rek gotong royong; demi tempatna diteangan nu caina gampang; jadi samemeh nyieun Mushalla kudu tempat wulu heula disadiakeun. HANCA
