“Naha Teteh ditulungan ? Iraha ?” Cek Oom nanya. 

“Lain Teteh, tapi bapa Teteh, basa keur usaha ka kota.” Cek
Sari nerangkeun. 


Teu kungsi lila Jalma inget deui, terus we dibere cai, jeung
sina dahar. Teu ngengkekeun deui; harita keneh nu disadiakeun ledis teu nyesa,
ku Jalma. Nu tiluan mani jarebi rada keuheul. 


Sanggeus aya tanaga deui, kuniang we Jalma nangtung, terus
larak lirik. Pok nyarita :”Mana Sari, nu make kurudung koneng ?” 


“Eh tong kena2 boga jasa, kakara ge sakitu jasa maneh, geus
hayang minculak ?! Cek Esih mani judes pisan. Teu diwaro ku Jalma terus we
Jalma rek kaluar, tapi nu tiluan megatan, tapi ngan sakilat tiluanana geus ting
jurahroh, terus Jalma kaluar ti enggon rek neangan Sari. Saterusna terus kaluar
ti imah; ayeuna geus ganti peuting, kabeneran caang bulan; di pakarangan
handapeun tangkal kiara, aya nu keur diuk na batu handapeun tangkal kiara,
kaciri keur nempo bulan, Jalma sidik ayeuna mah yen eta teh Sari. Terus we
Jalma ka dinya lantaran, loba pisan picaritaeun, jeung kapanasaran nu hayang
ditanyakeun ka Sari. 


Barang jol Jalma ka dinya nyampeurkeun, Sari gancang nangtung
ngajauhan Jalma, bari pok ngomong :”Bade naon kang Jalma ? urang ayeuna geus
lain2na deui. Urang ayeuna geus boga lalakon sewang2an. Kuring ayeuna keur
ngajalanan naon nu kudu di jalanan ku kuring. Kuring ayeuna geus ngarasa betah
jeung resep ngajalanan hirup kuring ayeuna.” 


Jalma rada kaget oge, teu nyangka sikep Sari saperti kitu,
anu baheula bear marahmay teh, sigana ayeuna geus leungit, meureun kasaput ku
pangalaman hirup nu pait jeung getir. Jalma ngarasa disatukangeun eta kagetiran
hirup, masih ngalangkang Sari nu baheula; Sari nu bisa ngajar batur kumaha
sikep2 di masyarakat nu bisa silih hargaan. Sanggeus ngaheneng sakeudeung , pok
Jalma nyarita bari ati2 pisan:”Sari, akang teh teu nyangka pisan bakal
papanggih jeung Sari di ieu tempat, jeung di na kaayaan saperti kieu, ku ayana
kitu akang teh pinuh ku kapanasaran, hayang nyaho naon sabab2na, nepi ka Sari
ti na jadi jelema senang , naha jadi nyingkruk di tempat ieu,”HANCA
 

Kirim email ke