“Wah panjang lalakonna Kang, tapi eta mah husus we pikeun
Sari sorangan, moal didongengkeun ka sing saha oge; komo atuh ka kang Jalma
mah.” Walon Sari, bari masih pinuh ku teka teki nu loba pisan.
“Keun we atuh, ari teu
kenging Kang Jalma terang mah, tapi pan sahenteuna atuh akang teh sono ka Sari,
pan akang sok emut wae keur akang sok diajar Basa Sunda Priangan !” Jalma
ahirna nyarita kitu.
Ku caritaan Jalma kitu, kaciri rada robah paroman Sari:”Ah,
moal enya Kang ? akang sok emut waktu harita ?” Da Sari mah ampir poho2 acan
tah, kajadian eta teh.” Sari nyaritana kitu, tapi kaciri pipina semu beureum,
jeung paromanna rada daria nunjukkeun yen Sari ngarasa eta kajadian teh
ngarupakeun kajadian nu moal bisa dipopohokeun.
“heeeehhhh,” Jalma siga nu humandeuar, “mun bisa mah, akang
teh terus we di bumi Sari, moal ka mana2, ngan wae akang teh boga pancen nu
kudu dilaksanakeun, nya hoream2 ge maksakeun indit, harita teh.”
“Ah bohong akang mah, geuning harita terus we ngaleos, teu
basa teu carita.”Sari mentog.
“Aduh, sanes akang teu emut ka Sari, nepi ka ayeuna ge emut
keneh, kumaha Sari ngajar akang basa Sunda Priangan.”walon Jalma bari seuri
koneng.
“Ngan eta wungkul nu dipiemut ku akang teh ? Aduh geuning
mani kejem pisan nya kang Jalma teh geuning ?” Sari ngaweweleh.
“Kang Jalma mah moal hilap ka na soanten Sari, nu halimpu, nu
beda ti batur, nu matak tadi ge ku sabab panasaran nya maksa muka berego Sari.”
Walon Jalma.
“Naon deui nu kaemut ku akang teh , salian ti eta ?” Sari
terus nyecer siga teu mere tempo ka Jalma.
“Belana Sari ka akang waktu rek dirogahala ku Kang Sarwa.
Hehehe.” Jalma seuri maur.
“Tah pantes pan, lamun abdi cangcaya ka akang ? Kapan akang
mah ti kapungkur ge sok seueur api2 ! api2 teu aya daya padahal “jagoan” hanas
ku Sari harita diceungceurikan, mani asa rugi gede pisan harita dibobodo ku
Kang Jalma.” Sari beuki ngaweweleh.
“Hehehe, kapan ari jadi jelema ulah sok ngajago tea, da moal
sakumaha beuratna eta pecutan2 Kang Sarwa teh, masih bisa ditahan ku akang.”
Walon Jalma bari rada samar polah.
“Muhun, tapi tetep we akang geus nipu Sari, nepi ka ceurik
nyeungceurikan akang, ari nu boga diri ngaleos ngusap birit bari indit, teu
beja teu carita, pleng les taya wartos2na acan.”
“Hehehe, da akang teh kapan keur ngajalankeun pancen guru
tea, nya neken sagala kahayang jeung parasaan, padahal mah……………… “