Hehehehe, lalakon teh dihaja diambangkeun ngarah rame; nu maraca sina  nareguh, 
ka saha Jalma bakal nikahna ? Sareng kumaha terasna jujutan caritana ? Mangga 
teras we aos lajengna ku kang SP.

Nuhun pisan kang SP ka na sadaya komentaarna, ieu penting kanggo kuring, sabab 
sok aya inspirasi "hoded" lamun tos dikomantaran teh. Ulah bosen masihan 
komentar. Sakali deui nuhun pisan.

--- In [email protected], Sp Saprudin <udarider@...> wrote:
>
> Kang ieu teh hancaeun keneh, da akhir kecapnana  "......padahal 
> mah........"  henteu aya kecap "HANCA"
> Sok lah diantos lanjeunganana............
> Kang, naha eta eteh Sari bakal nikah sareng si Jalma?
>  
> 
> ________________________________
>  Dari: Abbas Amin <abas_amin08@...>
> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
> <[email protected]> 
> Dikirim: Rabu, 28 Maret 2012 20:46
> Judul: [kisunda] Cersil Sunda 143
>   
>  
>    
>  
> “Wah panjang lalakonna Kang, tapi eta mah husus we pikeun
> Sari sorangan, moal didongengkeun ka sing saha oge; komo atuh ka kang Jalma
> mah.” Walon Sari, bari masih pinuh ku teka teki nu loba pisan. 
>  “Keun we atuh, ari teu
> kenging Kang Jalma terang mah, tapi pan sahenteuna atuh akang teh sono ka 
> Sari,
> pan akang sok emut wae keur akang sok diajar Basa Sunda Priangan !” Jalma
> ahirna nyarita kitu.  
> Ku caritaan Jalma kitu, kaciri rada robah paroman Sari:”Ah,
> moal enya Kang ? akang sok emut waktu harita ?” Da Sari mah ampir poho2 acan
> tah, kajadian eta teh.” Sari nyaritana kitu, tapi kaciri pipina semu 
> beureum,
> jeung paromanna rada daria nunjukkeun yen Sari ngarasa eta kajadian teh
> ngarupakeun kajadian nu moal bisa dipopohokeun. 
> “heeeehhhh,” Jalma siga nu humandeuar, “mun bisa mah, akang
> teh terus we di bumi Sari, moal ka mana2, ngan wae akang teh boga pancen nu
> kudu dilaksanakeun, nya hoream2 ge maksakeun indit, harita teh.” 
> “Ah bohong akang mah, geuning harita terus we ngaleos, teu
> basa teu carita.”Sari mentog. 
> “Aduh, sanes akang teu emut ka Sari, nepi ka ayeuna ge emut
> keneh, kumaha Sari ngajar akang basa Sunda Priangan.”walon Jalma bari seuri
> koneng. 
> “Ngan eta wungkul nu dipiemut ku akang teh ? Aduh geuning
> mani kejem pisan nya kang Jalma teh geuning ?” Sari ngaweweleh. 
> “Kang Jalma mah moal hilap ka na soanten Sari, nu halimpu, nu
> beda ti batur, nu matak tadi ge ku sabab panasaran nya maksa muka berego 
> Sari.”
> Walon Jalma. 
> “Naon deui nu kaemut ku akang teh , salian ti eta ?” Sari
> terus nyecer siga teu mere tempo ka Jalma. 
> “Belana Sari ka akang waktu rek dirogahala ku Kang Sarwa.
> Hehehe.” Jalma seuri maur. 
> “Tah pantes pan, lamun abdi cangcaya ka akang ? Kapan akang
> mah ti kapungkur ge sok seueur api2 ! api2 teu aya daya padahal “jagoan” 
> hanas
> ku Sari harita diceungceurikan, mani asa rugi gede pisan harita dibobodo ku
> Kang Jalma.” Sari beuki ngaweweleh. 
> “Hehehe, kapan ari jadi jelema ulah sok ngajago tea, da moal
> sakumaha beuratna eta pecutan2 Kang Sarwa teh, masih bisa ditahan ku akang.”
> Walon Jalma bari rada samar polah. 
> “Muhun, tapi tetep we akang geus nipu Sari, nepi ka ceurik
> nyeungceurikan akang, ari nu boga diri ngaleos ngusap birit bari indit, teu
> beja teu carita, pleng les taya wartos2na acan.” 
> “Hehehe, da akang teh kapan keur ngajalankeun pancen guru
> tea, nya neken sagala kahayang jeung parasaan, padahal 
> mah………………  “ 
>  
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke