Ke, ke, bah AA.... luncat episode sigana nya? Tina murak timbel jol-ojol ka Ki Demang, asa teu nyambung... :???
>________________________________ > From: Abbas Amin <[email protected]> >To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> >Sent: Sunday, 1 April 2012 7:17 PM >Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 150 > > > >Barang ku Jalma diterangkeun yen di Onderneming Van Hendrik, Ki Demang unggut2an; beuki we ngahargaan ka Jalma; lantaran di na pamikirna lamun boga hubungan jeung Kumpeni, bari diajar basa Holland, pasti eta jelema istimewa pisan; teu meunang dianggap enteng. Tah Ki Demang teh atuh narima Jalma enya2 ngahormat pisan; terus we nyaritakeun maksudna rek ngangkat Jalma jadi guru. Jalma enya ge boga tugas neangan Nyi Ipah jeung baturna ( Nyi Epon meureun ); tapi ayeuna kapaksa kudu narima eta tawaran, lantaran euweuh jalan sejen deui pikeun nulungan rayat nu dihukum salian ti kudu kitu. Nya atuh hoream2 ge, lantaran boga pancen tea, kapaksa da geus kapalang Jalma neangan masalah sorangan; kapaksa kudu ditanggung tah eta masalah teh, ku manehna. Keun we meureun eta dua budak awewe mah, da dicekel ku Mawar Hideung sigana diangkat murid, moal susah2 teuing. Kitu pikiran Jalma harita. >Jeungna deui Jalma teh boga sipat anu TIGIN; teu galideur di na soal bebeneran; ku sabab manehna nu nyieun ieu masalah; nya daek teu daek kudu dituntaskeun sakalian. Nya Jalma cicing di imah Demang ngajar Demang Martoyo basa Holland. >Ki Demang teh boga adi awewe, nu diogo pisan ku Ki Demang lantaran ieu Demang teh sanyatana pahatu lalis da leutik keneh geus ditinggalkeun maot ku indung bapana; harita Nyi Utari adina Ki Demang leutik keneh pisan; nya atuh Demang teh ngurus adina sabage indung bapana. KU sabab ieu ki Demang teh enya ge bengis lantaran guruna Ngaranna Embah Seco baheulana Rampog jadug, jadi sipat kakejeman begal nurun ka Joyo Mertoyo; tapi ari ka Utari mah adina, Kacida nyaahna ieu Ki Joyo Mertoyo teh. Manehnaa matak diangkat Demang, lantaran geus bisa ngamankeun eta daerah padukuhan Batuurip jeung sabudeureunana ; manehna memang digjaya . Nya sabage panghargaan manehna diangkat Demang ku Susuhunan, sanggeus aya rekomendasi ti Regent Van Maar di Yogya; tah ti harita manehna ku sabab ambisi manehna mikir yen mun pangkatna hayang mantep manehna kudu bisa ngadeukeutan Tuanna ti Kumpeni; da sigana Kumpeni leuwih Kawasa ti batan Susuhunan Mataram. Ku sabab kitu manehna boga patekadan, hayang bisa ngomong basa Holland. >Nyata Jalma salian ti calakan ka na diajar, oge ngajar baatur oge bisa; jeung Ki Demang Mertoyo Kacida sumangetna diajar ku Jalma teh. >Kacaturkeun Utari, adina Ki Demang; ti barang nenjo Jalma, manehna teu nyaho kumaha jadi robah kalakuanana; tadina mah sok galak pisan ka lalaki teh, teu kaop ay nu ngadeukeutan pasti meunang semprotan; tapi barang panggih jeung Jalma manehna siga nu lungguh tapi someah pisan; kalan2 manehna sorangan nu mawa cai keur Jalma waktu Jalma keur ngajar; keun we karunya cenah Si Iyem capeeun. >HANCA > > > >
