Wah wah wah........... ku margi masaalah BBM ngalieurkeeun........... milu lieur yeuh hahahaha........... ieu masalah management deui wae yeu..... kirang check sareng richeck tea. Punten
--- In [email protected], Deni Indra Kelana <lee_kelana@...> wrote: > > Ke, ke, bah AA.... luncat episode sigana nya? Tina murak timbel jol-ojol ka > Ki Demang, asa teu nyambung... :??? > > > > >________________________________ > > From: Abbas Amin <abas_amin08@...> > >To: kisunda <[email protected]>; urangsunda > ><[email protected]> > >Sent: Sunday, 1 April 2012 7:17 PM > >Subject: [kisunda] Cersil Sunda ka 150 > > > > > >Â > >Barang ku Jalma diterangkeun yen di Onderneming Van Hendrik, > Ki Demang unggut2an; beuki we ngahargaan ka Jalma; lantaran di na pamikirna > lamun boga hubungan jeung Kumpeni, bari diajar basa Holland, pasti eta jelema > istimewa pisan; teu meunang dianggap enteng. Tah Ki Demang teh atuh narima > Jalma enya2 ngahormat pisan; terus we nyaritakeun maksudna rek ngangkat Jalma > jadi guru. Jalma enya ge boga tugas neangan Nyi Ipah jeung baturna ( Nyi Epon > meureun ); tapi ayeuna kapaksa kudu narima eta tawaran, lantaran euweuh jalan > sejen deui pikeun nulungan rayat nu dihukum salian ti kudu kitu. Nya atuh > hoream2 ge, lantaran boga pancen tea, kapaksa da geus kapalang Jalma neangan > masalah sorangan; kapaksa kudu ditanggung tah eta masalah teh, ku manehna. > Keun > we meureun eta dua budak awewe mah, da dicekel ku Mawar Hideung sigana > diangkat > murid, moal susah2 teuing. Kitu pikiran Jalma harita. > >Jeungna deui Jalma teh boga sipat anu TIGIN; teu galideur di > na soal bebeneran; ku sabab manehna nu nyieun ieu masalah; nya daek teu daek > kudu dituntaskeun sakalian. Nya Jalma cicing di imah Demang ngajar Demang > Martoyo basa Holland. > >Ki Demang teh boga adi awewe, nu diogo pisan ku Ki Demang > lantaran ieu Demang teh sanyatana pahatu lalis da leutik keneh geus > ditinggalkeun maot ku indung bapana; harita Nyi Utari adina Ki Demang leutik > keneh pisan; nya atuh Demang teh ngurus adina sabage indung bapana. KU sabab > ieu ki Demang teh enya ge bengis lantaran guruna Ngaranna Embah Seco baheulana > Rampog jadug, jadi sipat kakejeman begal nurun ka Joyo Mertoyo; tapi ari ka > Utari mah adina, Kacida nyaahna ieu Ki Joyo Mertoyo teh. Manehnaa matak > diangkat Demang, lantaran geus bisa ngamankeun eta daerah padukuhan Batuurip > jeung sabudeureunana ; manehna memang digjaya . Nya sabage panghargaan manehna > diangkat Demang ku Susuhunan, sanggeus aya rekomendasi ti Regent Van Maar di > Yogya; tah ti harita manehna ku sabab ambisi manehna mikir yen mun pangkatna > hayang mantep manehna kudu bisa ngadeukeutan Tuanna ti Kumpeni; da sigana > Kumpeni leuwih Kawasa ti batan Susuhunan Mataram. Ku sabab kitu manehna boga > patekadan, hayang bisa ngomong basa Holland. > >Nyata Jalma salian ti calakan ka na diajar, oge ngajar baatur > oge bisa; jeung Ki Demang Mertoyo Kacida sumangetna diajar ku Jalma teh. > >Kacaturkeun Utari, adina Ki Demang; ti barang nenjo Jalma, > manehna teu nyaho kumaha jadi robah kalakuanana; tadina mah sok galak pisan ka > lalaki teh, teu kaop ay nu ngadeukeutan pasti meunang semprotan; tapi barang > panggih jeung Jalma manehna siga nu lungguh tapi someah pisan; kalan2 manehna > sorangan nu mawa cai keur Jalma waktu Jalma keur ngajar; keun we karunya cenah > Si Iyem capeeun. > >HANCA > > > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
