Catetan - Lagu Ayang Ayang Gung 1
Ku Aan Merdeka Permana
Dikirimkeun ka Group FB Pustaka Sunda

Lagu Ayang-ayang Gung
Dijieun ku Ki Mas Tanu

Catetan Aan Merdeka Permana

DI tatar Sunda, tepikeun ka taun geneppuluhan, barudak di buruan sok
ngahaleuangkeun lalaguan Ayang-ayang gung. Eusina sindiran kana hianatna Ki
Mas Tanu atawa Tanujiwa, Bupati Bogor munggaran. Tim invéstigasi Ujung
Galuh manggihan katerangan yén lagu Ayang-ayang gung nu nyieunna téh Ki Mas
Tanu sorangan jang nyumputkeun perjoangan dirina dina buméla ka urang Sunda.


Ayang ayang gung
Gung goongna ramé
Ménak ki mas tanu
Nu jadi wadana
Naha manéh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kumpeni
Niat jadi pangkat
Katon kagoréngan
Ngantos kangjeng dalem
Lempa lempi lempong
Jalan ka batawi ngemplong Ngadu pipi jeung nu ompong


JIGANA barudak ayeuna mah moal apaleun. Padahal baréto, tepikeun ka ahir
taun 1960-an mun pareng caang bulan opat welas, di buruan barudak sok
ngarumpul nyieun rupa-rupa kaulinan, ti mimiti turih oncom, galah, ucing
peuntas, tepika ucing sumput. Mun capé lulumpatan, nya ngariung di tepas
imah bari rampak hahaleuangan. Ti antara lalaguan anu dihaleuangkeunana
nyaéta lagu "Ayang-ayang-gung" anu rumpakana nya kawas tadi anu ditulis di
luhur.

Ceuk catetan Sajarah Bogor, lagu ayang-ayang-gung téh mangrupa sindiran
peureus keur Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa. Inyana téh ku Gupernur Jénderal
Campuijs kacida dipikanyaahna, jadi anak emas Kumpeni Belanda. Naon sababna
kitu, sabab Ki Mas Tanu mangrupa bangsa pribumi ti tanah jajahan tapi anu
dianggap boga uteuk anu éncér, loba ide jeung cita-cita dina nyieun hiji
kamajuan. Ki Mas Tanu geus sanggup ngabukbak leuweung-leuweung gerotan
sisieun leuweung Pajajaran, disulap jadi kebon-kebon komoditas anu kacida
nguntungkeunana keur Kumpeni. Ku sabab loba dibuka perkebunan komoditas,
atuh ka éta tempat loba jalma ti suklakna ti siklukna, ngababakan nyieun
pilemburan, ngalamar jadi pagawe kontrak. Tina anu tadina leuweung
geledegan atawa sampalan tegal siawat-awat, jlugjleg pilemburan anyar
kayaning Bantarjati, Cimahpar, jeung sajabana. Malah sanggeus pilemburan
anyar beuki lega baé, ahirna ngadeg hiji wewengkon badag anu ayeuna disebut
Bogor téa. Ki Mas Tanu anu babakti ka Kumpeni boga pangkat létnan, ahirna
dibenum jadi régent (bupati) Kabupatén Bogor anu munggaran (1680).

Dipuji jeung jadi anak emas téh ku Belanda da ari ku bangsana sorangan mah
dicacampah jeung dijejeléh. Malah teu kurang-kurang bangsana sorangan anu
hayangeun ngakalakeun, sabab Ki Mas Tanu dina pandangan urang Priangan
jeung Banten mah dianggap ulun-kumawula ka bangsa asing, anu padahal ku
saréréa keur diobrot sangkan indit ti Nusantara.

Para pajoang ti Priangan jeung Banten kacida ceuceubeunana. Urang Priangan
ceuceubna ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma geus ngarempak pantrang dina
ngaruksak Leuweung Pajajaran, padahal jaman harita ku urang Priangan kacida
dikaramatkeunana. Ari Ku Ki Mas Tanu, jaba pileuweungan sisi-sisi Leuweung
Pajajaran dibukbak dijadikeun kebon, jaba Ki Mas Tanu ula-ilu kana
ékspédisi VOC, kukurusukan asup ka jero leuweung tutupan. Boh VOC boh Ki
Mas Tanu boga tujuan nu sarua, hayang mukakeun lalangsé Pajajaran anu urut
karatonna aya di jero leuweung gerotan anu katelahna Leuweung Pajajaran téa.

Bisa jadi Kumpeni harita keur resep kana ruipa-rupa panalungtikan, kaasup
panalungtikan sajarah. Maranéhna kacida panasaraneunana, di jero leuweung
gerotan aya sésa-sésa urut karaton. Jeung jigana cenah baheulana éta
karaton badag, ngan jiga ngadadak ditaringgalkeun ku anu nyicinganana.
Bangsa Belanda harayangeun nyaho, naon pangna éta karaton ngadadak
ditaringgalkeun siga harita pangeusi karaton nyingkahan hiji kajadian anu
pibahayaeun. Ari Ki Mas Tanu, nalungtik leuweung Pajajaran téh ku hayang
nyukcruk karuhunna. Manéhna datang ti Karatuan Sumedanglarang, dibéré nyaho
ku kolotna yén karuhun manéhna téh éstu ti Pajajaran. Tina catetan sajarah
lokal urang Sumedang aya kasebut. Yén basa burakna Pajajaran (1579), Prabu
Séda Ragamulya Suryakancana ti pangungsian Pulasari, ngutus putra mahkota
Radén Aji Mantri nu dibarengan ku Patih Jayaperkosa pikeun nganteurkeun
makuta Pajajaran Binokasih Sanghyang Paké ka Prabu Geusan Ulun di
Sumedanglarang. Réngsé nyérénkeun makuta, Éyang Jayaperkosa babakti ka
Prabu Geusan Ulun, tapi ari Radén Aji Mantri mah milih teu ilubiung kana
pulitik kanagaraan, nya bumén-bumén di tepiswiring wewengkon Sumedanglarang
tepikeun ka boga turunan opat. Ti salah sahiji putrana, gubrag budak lalaki
anu geus déwasana katelahna Tanujiwa. Lamun catetan sajarah lokal ti
Sumedang dipercaya ku saréréa, Ki Tanujiwa atawa Ki Mas Tanu téh, tétéla
buyutna Prabu Séda. Mana pantes lamun ti Sumedanglarang, Ki Mas Tanu
ngajugjug tatar Bogor. Maksudna taya lian hayang nyukcruk galur sajarah
karuhunna.

Ngan pan tadi gé disebutkeun, datangna ka Bogor téh ku urang Priangan jeung
urang Banten mah kacida teu disatujuanana. Basa nyaho yén Ki Mas Tanu
datangna ka Bogor kalah nyukcruk galur sajarah runtuhna Pakuan Pajajaran,
pajoang ti Banten mah kacida geuleuheunana. Sabab lamun Ki Mas Tanu muka
lalangsé Pajajaran, bakal katohyan yén burakna Pajajaran téh hasil panggawé
urang Banten pisan. Lamun hal ieu digegedékeun, tangtu bakal ngaganggu kana
perjoangan dina nyanghareupan penjajah Belanda. Padahal harita persatuan
antara urang Priangan jeung urang Banten dina ngalawan penjajah keur
meumeujeuhna dihangkeutkeun.

Kaceuceub para pajoang ka Ki Mas Tanu téh sabab ieu jalma dianggap jadi
bonéka Kumpeni dina nyangsarakeun rahayat. Hasil bumi ti Priangan jadi
komoditas anu nguntungkeun keur Kumpeni tapi matak nyangsarakeun keur
bangsa pribumi. Loba patani kebon anu disiksa ku para centéng katut mandor
kebon lamun teu nyubadanan targét hasil panén anu geus ditangtukeun ku
Kumpeni. Para centéng jeung mandor kebon mun ngontrol kebon teu weléh mekel
cameti, jang ngarangkét patani anu teu tuhu. Dina mangsa aya pemberontakan
pajuang ti Jampang anu katelahna Haji Prawatasari, kaceuceub bangsa pribumi
ka Ki Mas Tanu beuki tambah. Angot sanggeus kaémpér aya haleuang lagu
"Ayang-ayang-gung" anu eusina ngajejeléh Ki Mas Tanu mah. Urang Sunda dina
umumna beuki geuleuheun ka Ki Mas Tanu. Ki Mas Tanu atawa Ki Tanujiwa,
bupati Bogor munggaran, ku para pajoang diintip rék dikakalakeun jeung
diarah pati.

Tapi, naha bener Ki Mas Tanu téh jalma hianat ka bangsana anu "tukang
olo-olo, loba anu giruk, ruket jeung kumpeni, niat jadi pangkat katon
kagoréngan"? Lagu Ayang ayang gung anu dipiwanoh tepikeun ka ahir taun
1960-an sabenerna lain nu asli, sabab éta mah ladang ngaropéa deui.
Diropéana anyar kénéh pisan. Kitu lah, dina awal abad 19. Ari rumpaka anu
aslina mah kieu béréndélanana:


Ayang ayang gung
Réngréng jaya manggung
Sakur meunang haté pundung
Nincak réh haténa indung
Ayang ayang gung
Sampakkeuna tur nyalindung
Nulak haténa ka batur
Keun, kulaning nu pasuntrung
Aya deui, aya deui nu badigung
Ngaréngkéd ukur jang batur
Geuning, anjeunna teu tulung
Keun waé, keun waé
Dasarna kudu pasinggung
Galuh geus teu ka indung
Malah batur nu dicandung
Éraeun, éraeun
Murak-marik ngaracug
har, cug palincug
paling budak tepi pancug
har, cag pacacag
pacarékeun tulak indung
teu éra, teu éra
éra kana galuh haté
patalék jalir ka jangji
jangjangan milah ka harti
tepikeun warta sawarga
geura telaan kalangkung
ayang ayang gung jaya simanggung
nyandung ka batur lin ka indung papakéanana gé rancug.


Nya ieu pisan lalaguan nu disebut ayang-ayang-gung anu sumebar dina jaman
kumelendangna Ki Mas Tanu mah. Tapi saha sabenerna anu nyiptakeun rumpaka
ieu lagu? Tina hasil panitén tim invéstigasi Ujung Galuh, nu nyiptakeun
lagu ayang ayang gung, lain si itu lain si éta, tapi Ki Mas Tanu sorangan.
Naha maké bisa kitu? Kumaha mimitina? Hayu urang tuturkeun lalakonna. ***

Dicutat tina Majalah Sasakala Sunda Ujung Galuh

Kirim email ke