Nuhuuuuns Mang Oman... Hehehe ceuli nuju riweuh dadanguan teh marah... Naha bahasa indo aya dina lagu eta xixixixi. Geuningan Narah nya... Kareng ngadangu oge kecap Narah euy.... Nambah elmu tah hehehe.
Bi Oeti mah alim dicandung soteh kunu kere tapi kunu jeguuuud mah emas inten bolondongan moal nolak xixixixi. Piiiiis Bi... Piiiiiis wkwwkwk. Nuhuuuuuns, Mang Kabayan www.dkabayan.com "ti urang, ku urang, keur balarea" -----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 3 Apr 2012 14:53:02 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Cc: <[email protected]>; <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Alim Di Candung Mang Kabayan, Kecap dina baris anu pangakhirna, dina padalisan pangakhirna, asana mah lain "marah", tapi "narah". Narah teh lamun teu salah mah hartina sarupa nadzar atawa janji. Jadi,abdi narah = abdi janji (alim dicandung). Sigana ieu kawih favoritna Bi Oeti :), piis. manar On Tue, Apr 3, 2012 at 2:49 PM, Mang Kabayan <[email protected]> wrote: > ** > > > Bodor deui ieu lagu jaduuuuul asiiiik pisan... lumayan keur ubar > tunduuuuuuh > hehehehe. Kasebeleuuuuun tah make embuuuung di canduuuung rek pundung jeung > ngudar gelung sagala hahahahaha. > > Alim Di Candung > Ti: Upit Sarimanah > http://www.youtube.com/watch?v=-YkfRADn-y0&feature=related > > Cikapundung Cikapundung Cikapundung Walungan di Kota Bandung > Kota Kembang Kota Midang Kota babangbrangkeun Kabingung > > Aduh ema aduh bapa abdi mah lah geuningan alim dicandung > Kajeun dahar karo uyah abdi mah kajeun padungdung > > Merak lain japati belang jangjangna > Nolak lain lamun mindeng dianjangan > > Mun Bapa atos teu suka Tong nyerikeun anak mitoha > Meureun abdi ngusap diri bakal abdi ngudar gelung > > Pami Bapa aya maksad bade nyandung kajeun abdi bade pundung > Abdi marah... abdi maraah... abdi mah alim di candung > > >
