Kisah Zen - Taya Gawe, Taya Dahareun Hyakujo, master Zen Cina, getol digawe jeung murid-muridna najan umurna geus dalapan puluhan, memeres taman, meresihan buruan, jeung mapas tatangkalan.
Murid-muridna karunyaeun ninggali guruna nu geus kolot masih maksakeun milu digawe beurat, tapi maranehna apal yen manehna moal ngawaro saran ti maranehna sangkan eureun, antukna maranehna nyumputkeun parabotna. Poe eta sang master teu barang dahar. Poe isukna ge manehna teu barang dahar, kitu deui poe saterusna. "Boa manehna ambek dumeh urang geus nyumputkeun pakakasna," panyangka muridna. "Hadena urang pulangkeun deui parabotna." Hiji poe nalika maranehna digawe, eta guruna oge digawe bari dahar babarengan cara sasari. Peutingna manehna marentahkeun ka muridna: "Taya pagawean, taya dahareun." Tarjamahan "No Work, No Food" tina "101 Zen Stories". Panarjamah: Ki Hasan ***
