Tulisan sampeyan bagus kang Tirilik. Ngan edas macana rada hese............. mapaay ka katuhu, balik deui ka kenca. Naha nya halamanana teh rada hese ?
--- In [email protected], "Tubagus Rifki L" <tbrifki@...> wrote: > > Islam sakumaha nu kapaham kukula > Bismillahirohmanirrohiim. Sakuliah jagat, satungkebing langit tamplok > kabeh sagala pupuja ka Alloh, inyana gusti panyembahan manusa. Kula > nyaksi yen teu aya gusti nanging Alloh, kula nyaksi yen Muhammad eta > rosulalloh. Mugia Alloh maparin solawat-salamNa ka Muhammad jeung > kulawargana. Kula nyuhunkeun panghampura ka Alloh tina sagala kadzoliman > diri, nyuhunkeun panghampura tina sagala kabodoan. Mugia Alloh maparin > pituduh sangkan sagala anu rek dibudalkeun mangrupaning pamikiran di > handap ieu, bisa mangpaat jang diri kula atawa sahabae nu macana. Alloh > nu ngagaduhan kabeneran, kula ukur ngajihadan pangarti-pangaweruh > saestuning satekerkebek tanaga nu aya. Nu kiwari ku manusa kadeuleu aya, > bakal teu aya.. Nu kadeuleu aya, wiwitanana ti Alloh, engke balik ka teu > ayana ka Alloh. Nu Aya ngan nu teu aya. Teu aya wiwitanna, tur teu aya > panungtunganna. > Wiwitan. > Islam boga wiwitan. Islam di turunkeun ka Adam nu Tunggal. Islam > diturunkeun ka sakabeh nabi jeung rosulalloh. Islam diturunkeun ka > Muhammad, oge nu Tunggal. Sakabeh nabi, sakabeh rosul, sakumaha sakabeh > jelema, ayana Tunggal. Kula di alam dunya ieu ngan hiji-hijina, kula ge > Tunggal. Rifki nu Tunggal. kitu deui para dulur sadaya. Teu aya > kopianana. Islam sorangan Tunggal. Teu aya islam A, islam B atawa islam > C. > Islam nu diturunkeun ka kanjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka > anjeuna solawat-salamNa,) sakumaha KitabNa Al-Qurâan netelakeun > yen pituduh dongkapna ka jalma nu iman ka Alloh taâala, ka > sakabeh kitab-kitab nu diturunkeun ka dunya, ka sakabeh malaikat Alloh, > iman ka nu teu aya (ghoib,) iman ka papasten Alloh, iman ka para > nabi-nabi, rosul-rosul nu di utus ku Alloh jeung iman ka ayana tungtung > poe, waktu panangtuan Kaadilan Alloh jang sakabeh manusia ditetegkeun. > Dina tungtung poe, manusa nu keur hees di alam barzakh dihirupkeun deui > lan dihimpunkeun ku Alloh di hiji alun-alun nu teu boga pancaniti. > Islam diturunkeun ka dunya lain ngeun ukur ngabejaan kumaha cara pupuja, > sesembah ka Alloh, tapi oge jang ngahadekeun cara manusa lalampah jeung > papadana, sakumaha nu dicontohkeun ku hiji manusa Tunggal nu diciptakeun > ku Alloh pasagi gambir dina kasampurnaana sabage manusa, nyaeta > junjungan rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna > solawat-salamNa.) Saenyana dina diri rosul eta geus aya toladan akhlaki > jang anjeun, sakabeh manusa. > Prakprakan lampah sapopoe manusa Islam > Saenggeusna netegkeun hate kana kaimanan, lalampah nu kudu dilakonan > nyaeta maca syahadat, nangtungkeun sholat, puasa, zakat, jeung ngala > haji mun wasa. Dina lalampah sapopoe jalma Islam kudu ngajihadan ngunduh > elmu kaislaman nu moal bakal beak tungtung. Jihad didieu teh hartina, > ângalakukeun usaha nu keyeng.â Sumber elmuna nyaeta, > Al-Qurâan jeung Hadis-hadis. > Elmu meunang ngapaluruh angkay-angkayan salila waktu hirup ieu, kudu > disurupkeun kana dua hal, hiji adab ka Alloh, dua adab ka sasama jeung > ka alam tempat manusa cicing cing cangkeling. Manusa Islam nu nyurupkeun > elmuna kana lalampah sapopoe bakal mawa kadamean, katentreman, kaakuran, > kaendahan, jeung ka-AMAN-an ka papada. > > > Ceuk kula. > Saprak jaman rosul, manusa Islam geus loba pacengkadanana. Sumber elmu > nu sarua, Al-Qurâan jeung Hadis, teu nyaruakeun panafsiran umat > Islam. Masing-masing manusa, masing-masing ulama, masing-masing fuqoha, > bisa jadi beda-beda pendapatna. > Al-Qurâan eta ngandung siloka. Aya nu jelas kaharti. Aya nu hese > kaharti, kacuali manusa nu dibere elmuNa ku Alloh. Manusa, daek teu daek > kudu nyucruk galur mapay siloka, jang ngarerepkeun sabda Alloh. Dina > kanyataan lain, manusa boga akal nu ngawates, boga rasa nu ngawates, > boga mata nu ngawates. Manusa moal pasagi gambir ngahartikeun, > nafsirkeun Al-Qurâan. Moal aya jelema pang benerna nafsirkeun > Al-Qurâan lian ti kangjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka > anjeuna solawat-salamNa.) > Hiji conto, manusa nu panona beunta bisa âningaliâ panon > poe. Eta kitu kanyataan panon poe sakumaha nu ditingalina. Naon bener > eta, panon poe teh kitu sakumaha nu ditingali? Jawabna pasti heunteu. > Loba keneh sikluk-sikluk panon poe nu teu katingali. > Komo deui nafsirkeun Al-Qurâan anu mangrupa Kalam Alloh, nyaeta > Alloh nyalira nu Tunggal. Pangarti manusa ngeun bisa disilokakeun jiga > hiji partikel neutron atawa nu leuwih leutik deui dibanding kaluasan > alam, satungkebing langit, sakuliah jagat. Lamun diterjamahkeun kana > fraksi matematika, bisa jadi > 0,0000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000\ > 000000000000000000000000000000000000001. Ngahiang Euweuh! > > Maha suci Anjeun ya Alloh, kula nyaksi teu aya gusti nu dipupusti iwal > ti Anjeun. Jeung kula tobat kalayan nyuhun pangampura. > > Kabeneran ukur boga Alloh. Allohu ta'ala 'alam. > > Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu > TiRiLiK > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
