Alus Ka Rifki

 

________________________________
 Dari: Tubagus Rifki L <[email protected]>
Kepada: [email protected] 
Dikirim: Kamis, 19 April 2012 8:54
Judul: [kisunda] Islam sakumaha nu kapaham kukula
  

 
   
 
Islam sakumaha nu kapaham kukula
Bismillahirohmanirrohiim. Sakuliah jagat, satungkebing langit tamplok kabeh 
sagala pupuja ka Alloh, inyana gusti panyembahan manusa. Kula nyaksi yen teu 
aya gusti nanging Alloh, kula nyaksi yen Muhammad eta rosulalloh. Mugia Alloh 
maparin solawat-salamNa ka Muhammad jeung kulawargana. Kula nyuhunkeun 
panghampura ka Alloh tina sagala kadzoliman diri, nyuhunkeun panghampura tina 
sagala kabodoan. Mugia Alloh maparin pituduh sangkan sagala anu rek dibudalkeun 
mangrupaning pamikiran di handap ieu, bisa  mangpaat jang diri kula atawa 
sahabae nu macana. Alloh nu ngagaduhan kabeneran, kula ukur ngajihadan 
pangarti-pangaweruh saestuning satekerkebek tanaga nu aya. Nu kiwari ku manusa 
kadeuleu aya, bakal teu aya.. Nu kadeuleu aya, wiwitanana ti Alloh, engke balik 
ka teu ayana ka Alloh. Nu Aya ngan nu teu aya. Teu aya wiwitanna, tur teu aya 
panungtunganna.
Wiwitan.
Islam boga wiwitan. Islam di turunkeun ka Adam nu Tunggal. Islam diturunkeun ka 
sakabeh nabi jeung rosulalloh. Islam diturunkeun ka Muhammad, oge nu Tunggal. 
Sakabeh nabi, sakabeh rosul, sakumaha sakabeh jelema, ayana Tunggal. Kula di 
alam dunya ieu ngan hiji-hijina, kula ge Tunggal. Rifki nu Tunggal. kitu deui 
para dulur sadaya. Teu aya kopianana. Islam sorangan Tunggal. Teu aya islam A, 
islam B atawa islam C.
Islam nu diturunkeun ka kanjeng rosul Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna 
solawat-salamNa,) sakumaha KitabNa Al-Qur’an netelakeun yen pituduh dongkapna 
ka jalma nu iman ka Alloh ta’ala, ka sakabeh kitab-kitab nu diturunkeun ka 
dunya, ka sakabeh malaikat Alloh, iman ka nu teu aya (ghoib,) iman ka papasten 
Alloh, iman ka para nabi-nabi, rosul-rosul nu di utus ku Alloh jeung iman ka 
ayana tungtung poe, waktu panangtuan Kaadilan Alloh jang sakabeh manusia 
ditetegkeun. Dina tungtung poe, manusa nu keur hees di alam barzakh dihirupkeun 
deui lan dihimpunkeun  ku Alloh di hiji alun-alun nu teu boga pancaniti.
Islam diturunkeun ka dunya lain ngeun ukur ngabejaan kumaha cara pupuja, 
sesembah ka Alloh, tapi oge jang ngahadekeun cara manusa lalampah jeung 
papadana, sakumaha nu dicontohkeun ku hiji manusa Tunggal nu diciptakeun ku 
Alloh pasagi gambir dina kasampurnaana sabage manusa, nyaeta junjungan rosul 
Muhammad (mugia Alloh maparin ka anjeuna solawat-salamNa.) Saenyana dina diri 
rosul eta geus aya toladan akhlaki jang anjeun, sakabeh manusa.
Prakprakan lampah sapopoe manusa Islam
Saenggeusna netegkeun hate kana kaimanan, lalampah nu kudu dilakonan nyaeta 
maca syahadat, nangtungkeun sholat, puasa, zakat, jeung ngala haji mun wasa. 
Dina lalampah sapopoe jalma Islam kudu ngajihadan ngunduh elmu kaislaman nu 
moal bakal beak tungtung. Jihad didieu teh hartina, “ngalakukeun usaha nu 
keyeng.” Sumber elmuna nyaeta, Al-Qur’an jeung Hadis-hadis.
Elmu meunang ngapaluruh angkay-angkayan salila waktu hirup ieu, kudu 
disurupkeun kana dua hal, hiji adab ka Alloh, dua adab ka sasama jeung ka alam 
tempat manusa cicing cing cangkeling. Manusa Islam nu nyurupkeun elmuna kana 
lalampah sapopoe bakal mawa kadamean, katentreman, kaakuran, kaendahan, jeung 
ka-AMAN-an ka papada.


Ceuk kula.
Saprak jaman rosul, manusa Islam geus loba pacengkadanana. Sumber elmu nu 
sarua, Al-Qur’an jeung Hadis, teu nyaruakeun panafsiran umat Islam. 
Masing-masing manusa, masing-masing ulama, masing-masing fuqoha, bisa jadi 
beda-beda pendapatna.
Al-Qur’an eta ngandung siloka. Aya nu jelas kaharti. Aya nu hese kaharti, 
kacuali manusa nu dibere elmuNa ku Alloh. Manusa, daek teu daek kudu nyucruk 
galur mapay siloka, jang ngarerepkeun sabda Alloh. Dina kanyataan lain, manusa 
boga akal nu ngawates, boga rasa nu ngawates, boga mata nu ngawates. Manusa 
moal pasagi gambir ngahartikeun, nafsirkeun Al-Qur’an. Moal aya jelema pang 
benerna nafsirkeun Al-Qur’an lian ti kangjeng rosul Muhammad (mugia Alloh 
maparin ka anjeuna solawat-salamNa.)
Hiji conto, manusa nu panona beunta bisa ‘ningali’ panon poe. Eta kitu 
kanyataan panon poe sakumaha nu ditingalina. Naon bener eta, panon poe teh kitu 
sakumaha nu ditingali? Jawabna pasti heunteu. Loba keneh sikluk-sikluk panon 
poe nu teu katingali. 
Komo deui nafsirkeun Al-Qur’an anu mangrupa Kalam Alloh, nyaeta Alloh nyalira 
nu Tunggal. Pangarti manusa ngeun bisa disilokakeun jiga hiji partikel neutron 
atawa nu leuwih leutik deui dibanding kaluasan alam, satungkebing langit, 
sakuliah jagat. Lamun diterjamahkeun kana fraksi matematika, bisa jadi 
0,0000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000000001.
 Ngahiang Euweuh!

Maha suci Anjeun ya Alloh, kula nyaksi teu aya gusti nu dipupusti iwal ti 
Anjeun. Jeung kula tobat kalayan nyuhun pangampura.

Kabeneran ukur boga Alloh. Allohu ta'ala 'alam.

Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
TiRiLiK







   
      

Kirim email ke