Wawacan - Panji Wulung (1)

Diserat ku Radén Haji Muhammad Musa
Ngawitan medal jadi buku taun 1876
===

DANGDANGGULA

1. Dangdanggula nu awit digurit, nu dianggit carita baheula, nurun tina
kitab kahot, diturun kana lagu, nu dipambrih réa nusudi, malar réa nu suka,
ari nu dicatur, aya sahiji nagara, Sokadana nagara gedé téh teuing, murah
keur kahirupan.

2. Réa sato kuda sapi munding, sugih dunya teu aya kakurang, réa ketan réa
keton, ari nu jadi ratu, kakasihna Déwakéswari, mangsa jaman harita, kongas
ratu punjul, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lembu Jayéng Pati,
pernah misanan raja.

3. Hiji asal ratu sareng patih, sarta ratu kalangkung asihna, Ki Patih nya
kitu kénéh, asih pisan ka ratu, beurang-peuting teu ayadeui, anu
dijaga-jaga, ngan salamet ratu, sarta salamet nagara, kacaturkeun sang ratu
kagungan selir, asal ti Balangbangan.

4. Langkung-langkung ku raja diasih, tina bisa pisan ngawulana, sarta jeung
rupana hadé, manis pantes jeung lungguh, teu kumaki duméh diasih, kacatur
lila-lila, bobot ti sang ratu, geus jangkep salapan bulan, kacarita
praméswari langkung ijid, ka éta selir téa.

5. Anu ngaran Nyimas Tunjungsari, duméh reuneuh patutan ti raja, ari manah
pawarang téh, ratu geus tangtu wuwuh, kanyaah-na ka Tunjungsari, jadi
saakal-akal, nyiar ambrih giruk, piceuceuban piwurungan, dukun-dukun
dikelun tapi teu matih, pirang-pirang tarékah.

6. Jampé-jampé pitutur paraji, nu dipalar ku pawarang raja, su-paya bobot
teu cios, tapi keukeuh melendung, sarta raja tambah kaasih, pawarang tambah
susah, ngamanahan maru, geus weléh kias tarékah, jampé-jampé teu pisan aya
nu matih, hanas karurugian.

7. Unggal dukun jeung unggal paraji, pada boga sanggup ka pawarang, jampé
piwurungan bobot, sarta boga panuhun, béda-béda unggal paraji, sarat
pamatih tumbal, sakabéh diturut, béak pirang-pirang arta, tapi kabéh
tarékah dukun teu matih, tuluy bijil akalna.

8. Akal dengki ngistorikeun selir, hiji mangsa pawarang haturan, sasauran
di jero pangkéng, nun ratu amit matur, duméh éta pun Tunjungsari, aya
lampahna salah, cidra ka sang ratu, gaduh lampah bobogohan, hiji mangsa
kapanggih di enggon suni, eukeur padudua-an.

9. Reujeung mantri ngaran pun Panolih, malah réa nu mang-gihan inya, keur
ngedeng di jero kobong, malah enggeus sataun, bobogohan jeung pun Panolih,
nu matak haturan, kuring ti ka-pungkur, bawaning ku kanyaahan, tapi remen
diingetan temah wadi, taya pisan tapakna.

10. Anu matak ayeuna ku kuring, dipiunjuk geus weléh magahan, lampahna
kadalon-dalon, kuring langkung kaduhung, kulampahna pun Tunjungsari, hég
boga kakandungan, lamun hanteu kitu, kuring langkung ngiring suka,
peupeuriheun kuring hanteu aya tulis, anakan ti gamparan.

11. Enya ogé teu kagungan deui, putra anu bakal jadi raja, pigentoseun
mangku kraton, welas ku sepuh-sepuh, nu mabakan cacakar bumi, nagara
Sokadana, ti jaman kapungkur, turun-turun jadi raja, buyut canggah gamparan
nu mangku bumi, dongkap ka anjeun pisan.

12. Teu kaselang ku nu lian deui, turun-turun ka putra nu enya, ngan ayeuna
bakal séjén, kaselang ku nu palsu, kawentarkeun yén putra gusti, tapi ari
yaktosna, tétés nu teu puguh, mun datang ka jadi raja, geus kacipta
Sokadana runtang-ranting, tangtu panas watekna.

13. Saupami teu percanten gusti, pariksakeun ka abdi nu réa, baturna
parekan kabéh, saréng naros ka dukun, aya hiji paraji sakti, dukun Guna
Wisésa, dipunjulkeun lepus, weruh sadurung winarah, tegesna téh nyaho di nu
tacan jadi, waspada terus tingal.

14. Geus kadangu ku Déwakéswari, sapihatur praméswari téa, sang raja
ngahuleng baé, manahna langkung bingung, ngamanahan Nyi Tunjungsari, ari
hanteu percaya, palangsiang terus, sapihatur pawarang, tuluy raja
ngumpulkeun parekan selir, dipariksa sadaya.

15. Lalampahan Nyimas Tunjungsari, para selir sailon sadaya, pada
nyumuhunkeun kabéh, sang ratu masih bingung, tacan ngandel pihatur selir,
ti dinya tuluy raja, nyaur dukun lepus, paraji Guna Wisésa, tuluy ajar
ngadeuheus ka kangjeng gusti, calik dina amparan.

16. Ratu langkung hormat ka kiai, calik mando semu ajrih pisan, lajeng sang
ratu téh naros, hé éyang kiai dukun, kula naros lampahna selir, sumangga
neda torah, nu awon nu lulus, nu temen kumawulana, jeung nu cidra sarta
ngaduakeun pikir, mugi wakcakeun pisan.

17. Ajar nyaur sumangga pun aki, néang lampah parekan sadaya, urang peleng
heula baé, tapi aya panuhun, mungguh sarat pameleng ati, sahiji kudu aya,
ati méong tutul, kaduana menyan bodas, katiluna kudu aya hayam rintit,
bodas sisitna selap.

18. Lamun enggeus sadia raracik, meureun témbong nu bageur nu salah, nu
temen atawa mirong, ti dinya lajeng ratu, miwarangan sahiji mantri,
ngumpulkeun sarat téa, ati méong tutul, wantuning paréntah raja, hanteu
lila kabéh sarat enggeus bukti, disanggakeun ka ajar.

19. Tuluy ajar nyandak menyan putih, geus dibeuleum dina parukuyan, nyandak
deui ati méong, digalokeun dicampur, reujeungati hayam nu rintit,
saenggeusna sadia, geus dicampur-campur, ati méong ati hayam, bus dibeuleum
ajar dikukudung putih, watara sajongjongan.

20. Tuluy nyaur popoyan ka gusti, hé sang raja enggeus katingalan, ati para
selir kabéh, welas teuing ka ratu, aya hiji nu goréng ati, mirong
kumawulana, lampahna teu patut, tur éta kaasih raja, selir anu ngaran
Nyimas Tunjungsari, lampahna bobogohan.

21. Sareng mantri ngaran pun Panolih, malah éta kakandunganana, nya beunang
jeung éta baé, ratu langkung ngagugu, tadi catur pawarang selir, nyebutkan
Tunjung cidra, ayeuna geus terus, kitu deui torah ajar, hanteu mangmang
benduna ka Tunjungsari, lajeng raja nimbalan.

22. Nyaur patih hanteu lila sumping, ka karaton bari semu reuwas, réh
disaur téréh-téréh, lajeng sang ratu nyaur, hé Ki Patih, sing gasik-gasik,
ieu si Tunjung sekar, nu cidra ka ratu, ayeuna geuwat paéhan, ulah nitah
kudu ku manéh pribadi, mangké bawa ceulina.

23. Patih naros nun hampura gusti, abdi dalem buta tuli pisan, ku naon
perkawisna téh, nu matak gusti bendu, réhna éta pun Tunjungsari, kalangkung
diasihna, ti nu réa punjul, Déwakéswari ngandika, enya pisan ku kami
dipikaasih, leuwih ti anu réa.

24. Anu matak kami liwat ijid, ka si Tunjung sabab salah tampa, dipisono
nyolowédor, Ki Patih nyembah matur, abdi dalem nu kirang harti, seja
nyundul unjukan, sumuhun bebendu, manawi gamparan lepat, kirang priksa
bendu kagancangan teuing, tacan kamanah enya.

25. Anu matak kuring langkung watir, duméh eukeur gaduh kakandungan, ti
baheula kuring ngantos, neneda ka Nu Agung, mugi-mugi putraan gusti, sarta
pameget pisan, baris jadi ratu, dinagara Sokadana, rasa kuring laksana
paneda kuring, bobot pun Tunjungsekar.

26. Raja nyaur langkung-langkung bengis, hé Ki Patih montong réa ucap,
geura los paéhan baé, kami moal kaduhung, réh geus béak kami nya mikir,
hanteu kurang pariksa, kabéh enggeus terus, asal béja ti pawarang,
katerusan ku kabéh parekan selir, malah terus jeung ajar.

27. Saupama pawarang jeung selir, jijieunan moal katerusan, ku panorah ajar
kahot, éta ajar geus punjul, patarosan ti mana mendi, kami geus hanteu
mangmang, ka dosa si Tunjung, Ki Patih geus hanteu teurak, pamondahna ku
raja hanteu ditampi, malah wuwuh benduna.

28. Tuluy patih mawa Tunjungsari, sarta reujeung ki Panolih téa, duanana
dikantét, Nyi Tunjung celuk-celuk, sambat-sambat ka kangjeng gusti, kuring
teu gaduh dosa, gusti naha kitu, ratu kurang titi priksa, puguh maru
saakal-akal nu dengki, kasmaran teuing raja.

(Hanca)

Kirim email ke