Rame tah Wawacan teh.

KINANTI  ( engke meureun mucunghul )
Raden ngantosan parahu,
calikna di na kikisik,
disangsaarap dangdaunan,
daun baakung jeung badori,
tamba kesel sasauran,
nyarioskeun ajaar tadi.


--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Wawacan - Panji Wulung (1)
> 
> Diserat ku Radén Haji Muhammad Musa
> Ngawitan medal jadi buku taun 1876
> ===
> 
> DANGDANGGULA
> 
> 1. Dangdanggula nu awit digurit, nu dianggit carita baheula, nurun tina
> kitab kahot, diturun kana lagu, nu dipambrih réa nusudi, malar réa nu suka,
> ari nu dicatur, aya sahiji nagara, Sokadana nagara gedé téh teuing, murah
> keur kahirupan.
> 
> 2. Réa sato kuda sapi munding, sugih dunya teu aya kakurang, réa ketan réa
> keton, ari nu jadi ratu, kakasihna Déwakéswari, mangsa jaman harita, kongas
> ratu punjul, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lembu Jayéng Pati,
> pernah misanan raja.
> 
> 3. Hiji asal ratu sareng patih, sarta ratu kalangkung asihna, Ki Patih nya
> kitu kénéh, asih pisan ka ratu, beurang-peuting teu ayadeui, anu
> dijaga-jaga, ngan salamet ratu, sarta salamet nagara, kacaturkeun sang ratu
> kagungan selir, asal ti Balangbangan.
> 
> 4. Langkung-langkung ku raja diasih, tina bisa pisan ngawulana, sarta jeung
> rupana hadé, manis pantes jeung lungguh, teu kumaki duméh diasih, kacatur
> lila-lila, bobot ti sang ratu, geus jangkep salapan bulan, kacarita
> praméswari langkung ijid, ka éta selir téa.
> 
> 5. Anu ngaran Nyimas Tunjungsari, duméh reuneuh patutan ti raja, ari manah
> pawarang téh, ratu geus tangtu wuwuh, kanyaah-na ka Tunjungsari, jadi
> saakal-akal, nyiar ambrih giruk, piceuceuban piwurungan, dukun-dukun
> dikelun tapi teu matih, pirang-pirang tarékah.
> 
> 6. Jampé-jampé pitutur paraji, nu dipalar ku pawarang raja, su-paya bobot
> teu cios, tapi keukeuh melendung, sarta raja tambah kaasih, pawarang tambah
> susah, ngamanahan maru, geus weléh kias tarékah, jampé-jampé teu pisan aya
> nu matih, hanas karurugian.
> 
> 7. Unggal dukun jeung unggal paraji, pada boga sanggup ka pawarang, jampé
> piwurungan bobot, sarta boga panuhun, béda-béda unggal paraji, sarat
> pamatih tumbal, sakabéh diturut, béak pirang-pirang arta, tapi kabéh
> tarékah dukun teu matih, tuluy bijil akalna.
> 
> 8. Akal dengki ngistorikeun selir, hiji mangsa pawarang haturan, sasauran
> di jero pangkéng, nun ratu amit matur, duméh éta pun Tunjungsari, aya
> lampahna salah, cidra ka sang ratu, gaduh lampah bobogohan, hiji mangsa
> kapanggih di enggon suni, eukeur padudua-an.
> 
> 9. Reujeung mantri ngaran pun Panolih, malah réa nu mang-gihan inya, keur
> ngedeng di jero kobong, malah enggeus sataun, bobogohan jeung pun Panolih,
> nu matak haturan, kuring ti ka-pungkur, bawaning ku kanyaahan, tapi remen
> diingetan temah wadi, taya pisan tapakna.
> 
> 10. Anu matak ayeuna ku kuring, dipiunjuk geus weléh magahan, lampahna
> kadalon-dalon, kuring langkung kaduhung, kulampahna pun Tunjungsari, hég
> boga kakandungan, lamun hanteu kitu, kuring langkung ngiring suka,
> peupeuriheun kuring hanteu aya tulis, anakan ti gamparan.
> 
> 11. Enya ogé teu kagungan deui, putra anu bakal jadi raja, pigentoseun
> mangku kraton, welas ku sepuh-sepuh, nu mabakan cacakar bumi, nagara
> Sokadana, ti jaman kapungkur, turun-turun jadi raja, buyut canggah gamparan
> nu mangku bumi, dongkap ka anjeun pisan.
> 
> 12. Teu kaselang ku nu lian deui, turun-turun ka putra nu enya, ngan ayeuna
> bakal séjén, kaselang ku nu palsu, kawentarkeun yén putra gusti, tapi ari
> yaktosna, tétés nu teu puguh, mun datang ka jadi raja, geus kacipta
> Sokadana runtang-ranting, tangtu panas watekna.
> 
> 13. Saupami teu percanten gusti, pariksakeun ka abdi nu réa, baturna
> parekan kabéh, saréng naros ka dukun, aya hiji paraji sakti, dukun Guna
> Wisésa, dipunjulkeun lepus, weruh sadurung winarah, tegesna téh nyaho di nu
> tacan jadi, waspada terus tingal.
> 
> 14. Geus kadangu ku Déwakéswari, sapihatur praméswari téa, sang raja
> ngahuleng baé, manahna langkung bingung, ngamanahan Nyi Tunjungsari, ari
> hanteu percaya, palangsiang terus, sapihatur pawarang, tuluy raja
> ngumpulkeun parekan selir, dipariksa sadaya.
> 
> 15. Lalampahan Nyimas Tunjungsari, para selir sailon sadaya, pada
> nyumuhunkeun kabéh, sang ratu masih bingung, tacan ngandel pihatur selir,
> ti dinya tuluy raja, nyaur dukun lepus, paraji Guna Wisésa, tuluy ajar
> ngadeuheus ka kangjeng gusti, calik dina amparan.
> 
> 16. Ratu langkung hormat ka kiai, calik mando semu ajrih pisan, lajeng sang
> ratu téh naros, hé éyang kiai dukun, kula naros lampahna selir, sumangga
> neda torah, nu awon nu lulus, nu temen kumawulana, jeung nu cidra sarta
> ngaduakeun pikir, mugi wakcakeun pisan.
> 
> 17. Ajar nyaur sumangga pun aki, néang lampah parekan sadaya, urang peleng
> heula baé, tapi aya panuhun, mungguh sarat pameleng ati, sahiji kudu aya,
> ati méong tutul, kaduana menyan bodas, katiluna kudu aya hayam rintit,
> bodas sisitna selap.
> 
> 18. Lamun enggeus sadia raracik, meureun témbong nu bageur nu salah, nu
> temen atawa mirong, ti dinya lajeng ratu, miwarangan sahiji mantri,
> ngumpulkeun sarat téa, ati méong tutul, wantuning paréntah raja, hanteu
> lila kabéh sarat enggeus bukti, disanggakeun ka ajar.
> 
> 19. Tuluy ajar nyandak menyan putih, geus dibeuleum dina parukuyan, nyandak
> deui ati méong, digalokeun dicampur, reujeungati hayam nu rintit,
> saenggeusna sadia, geus dicampur-campur, ati méong ati hayam, bus dibeuleum
> ajar dikukudung putih, watara sajongjongan.
> 
> 20. Tuluy nyaur popoyan ka gusti, hé sang raja enggeus katingalan, ati para
> selir kabéh, welas teuing ka ratu, aya hiji nu goréng ati, mirong
> kumawulana, lampahna teu patut, tur éta kaasih raja, selir anu ngaran
> Nyimas Tunjungsari, lampahna bobogohan.
> 
> 21. Sareng mantri ngaran pun Panolih, malah éta kakandunganana, nya beunang
> jeung éta baé, ratu langkung ngagugu, tadi catur pawarang selir, nyebutkan
> Tunjung cidra, ayeuna geus terus, kitu deui torah ajar, hanteu mangmang
> benduna ka Tunjungsari, lajeng raja nimbalan.
> 
> 22. Nyaur patih hanteu lila sumping, ka karaton bari semu reuwas, réh
> disaur téréh-téréh, lajeng sang ratu nyaur, hé Ki Patih, sing 
> gasik-gasik,
> ieu si Tunjung sekar, nu cidra ka ratu, ayeuna geuwat paéhan, ulah nitah
> kudu ku manéh pribadi, mangké bawa ceulina.
> 
> 23. Patih naros nun hampura gusti, abdi dalem buta tuli pisan, ku naon
> perkawisna téh, nu matak gusti bendu, réhna éta pun Tunjungsari, kalangkung
> diasihna, ti nu réa punjul, Déwakéswari ngandika, enya pisan ku kami
> dipikaasih, leuwih ti anu réa.
> 
> 24. Anu matak kami liwat ijid, ka si Tunjung sabab salah tampa, dipisono
> nyolowédor, Ki Patih nyembah matur, abdi dalem nu kirang harti, seja
> nyundul unjukan, sumuhun bebendu, manawi gamparan lepat, kirang priksa
> bendu kagancangan teuing, tacan kamanah enya.
> 
> 25. Anu matak kuring langkung watir, duméh eukeur gaduh kakandungan, ti
> baheula kuring ngantos, neneda ka Nu Agung, mugi-mugi putraan gusti, sarta
> pameget pisan, baris jadi ratu, dinagara Sokadana, rasa kuring laksana
> paneda kuring, bobot pun Tunjungsekar.
> 
> 26. Raja nyaur langkung-langkung bengis, hé Ki Patih montong réa ucap,
> geura los paéhan baé, kami moal kaduhung, réh geus béak kami nya mikir,
> hanteu kurang pariksa, kabéh enggeus terus, asal béja ti pawarang,
> katerusan ku kabéh parekan selir, malah terus jeung ajar.
> 
> 27. Saupama pawarang jeung selir, jijieunan moal katerusan, ku panorah ajar
> kahot, éta ajar geus punjul, patarosan ti mana mendi, kami geus hanteu
> mangmang, ka dosa si Tunjung, Ki Patih geus hanteu teurak, pamondahna ku
> raja hanteu ditampi, malah wuwuh benduna.
> 
> 28. Tuluy patih mawa Tunjungsari, sarta reujeung ki Panolih téa, duanana
> dikantét, Nyi Tunjung celuk-celuk, sambat-sambat ka kangjeng gusti, kuring
> teu gaduh dosa, gusti naha kitu, ratu kurang titi priksa, puguh maru
> saakal-akal nu dengki, kasmaran teuing raja.
> 
> (Hanca)
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke