He..he..na kunaon eta Ki Bejo jeung Jalma maen rempugan (hurupan) ngalawan Mawar Hideung? Tos capeeun meureun nyah lalampahan Jalma teh. Lanjut Kang......geboy!!
________________________________ Dari: Abbas Amin <[email protected]> Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]> Dikirim: Rabu, 23 Mei 2012 8:18 Judul: [kisunda] Cersil Sunda 188 Tapi obrolan jeung Ki Brojo Nitis ka pikir deui; terus manehna nyusud tapak eta obrolan:”Ah lamun enya dzikir tilu poe tilu peuting, bari teu dahar teu inum, nya pantes we rek teller ge; untung teu terus maeot oge. Jadi mun ngarasa ngalayang teh, nya pantes pisan. Lain sing singna manunggaling kawulo Gusti atuh eta mah, ngaranna. Tapi TELER, mabok tea. Salah2 malah bisa wae kapangaruhan Iblis. Hehehe , tapi Ki Brojo ngarasa yakin pisan. Ah lain kitu cara makrifatullah mah atuh. Kitu deui obrolan Wahdatul wujud Mbah Lanang, cek pamikir aing mah lain kitu; tapi kabeh manusa pasti boga jalan masing2. Nu penting : Laksanakeun syareatna; terus taliti hakekatna, terus kumaha cara makrifaatna. Nepi ka dinya lendeng oge Jalma. Sanggeus rada lila nya akhirna tunduh, terus we sare, tibra pisan. Isukna sanggeus sasarap jeung shalat dhuha, Jalma badami jeung Ki Bejo, di na nyanghareupan Mawar Hideung. Cek Jalma boh ilmu kanuragan, atawa hampang raga estu Mawar Hideung euweuh kuciwana, estu mumpuni pisan, hese neangan kalemahanana; geus dipaparah oge weleh teu kapanggih kumaha cara ngelehkeunana. Komo di na bagbagan ngabelesatkeun senjata rahasia mah estu saluhureun uing , cek Jalma. Ki Bejo:” sakumaha jagona ge, kapan urang duaan, piraku sugan ari dihurup mah?” Jalma seuri:”Majuna kowe ngan ukur jadi panghalang ka Kaula , ngarti ? Maning ge tong maju, da ditaksir ku uing mah, urang duaan ge moal sanggup ngalawanan eta si Mawar Hideung. Malah rugi.” Ki Bejo:”Rugi !? Rugi naon Jalma !” Jalma:”Mun uing maju ngalawan sorangan2; di na elehna ge masih aya kahormatan satriya; tapi mun ngahurup, geus ngahurup, keok deuih ? Pan rugi dua kali tah !?” Ki Bejo:”Rek naon atuh make tarung, ari ngarasa bakal keok mah, sok aya2 wae maneh mah Jalma.” Jalma:”Kapan ulah, ari kumeok memeh dipacok mah. Urang cobaan heula we. Jeungna deui da si Mawaar Hideung teh lain musuh, malah mah kapan nulungan Nyi Ipah jeung Nyi Epon; jadi di na tarungna oge ulah nepi ka bebeakan; nya teu kuat mah, urang mundur.” HANCA
