Tapi obrolan
jeung Ki Brojo Nitis ka pikir deui; terus manehna nyusud tapak eta obrolan:”Ah
lamun enya dzikir tilu poe tilu peuting, bari teu dahar teu inum, nya pantes we
rek teller ge; untung teu terus maeot oge. Jadi mun ngarasa ngalayang teh, nya
pantes pisan. Lain sing singna manunggaling kawulo Gusti atuh eta mah,
ngaranna. Tapi TELER, mabok tea. Salah2 malah bisa wae kapangaruhan Iblis.
Hehehe , tapi Ki Brojo ngarasa yakin pisan. Ah lain kitu cara makrifatullah mah
atuh. 

Kitu deui obrolan Wahdatul wujud Mbah Lanang, cek pamikir aing mah lain
kitu; tapi kabeh manusa pasti boga jalan masing2. Nu penting : Laksanakeun
syareatna; terus taliti hakekatna, terus kumaha cara makrifaatna. Nepi ka dinya
lendeng oge Jalma. 


Sanggeus
rada lila nya akhirna tunduh, terus we sare, tibra pisan. 


Isukna
sanggeus sasarap jeung shalat dhuha, Jalma badami jeung Ki Bejo, di na
nyanghareupan Mawar Hideung. Cek Jalma boh ilmu kanuragan, atawa hampang raga
estu Mawar Hideung euweuh kuciwana, estu mumpuni pisan, hese neangan
kalemahanana; geus dipaparah oge weleh teu kapanggih kumaha cara ngelehkeunana.
Komo di na bagbagan ngabelesatkeun senjata rahasia mah estu saluhureun uing ,
cek Jalma. 


Ki Bejo:”
sakumaha jagona ge, kapan urang duaan, piraku sugan ari dihurup mah?” 


Jalma
seuri:”Majuna kowe ngan ukur jadi panghalang ka Kaula , ngarti ? Maning ge tong
maju, da ditaksir ku uing mah, urang duaan ge moal sanggup ngalawanan eta si
Mawar Hideung. Malah rugi.” 


Ki
Bejo:”Rugi !? Rugi naon Jalma !” 


Jalma:”Mun
uing maju ngalawan sorangan2; di na elehna ge masih aya kahormatan satriya;
tapi mun ngahurup, geus  ngahurup, keok  deuih ? Pan rugi dua kali tah !?” 


Ki Bejo:”Rek
naon atuh make tarung, ari ngarasa bakal keok mah, sok aya2 wae maneh mah
Jalma.” 


Jalma:”Kapan
ulah, ari kumeok memeh dipacok mah. Urang cobaan heula we. Jeungna deui da si
Mawaar Hideung teh lain musuh, malah mah kapan nulungan Nyi Ipah jeung Nyi
Epon; jadi di na tarungna oge ulah nepi ka bebeakan; nya teu kuat mah, urang
mundur.”
HANCA
 

Kirim email ke