Fikmin #Takdir#

Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu,
Si Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si
Hamad leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg
ka pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan
ting kecewis. Majar tadi janari aya nu  kababuk gelebugna angin laut di
buritan. Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu
gigireun! Kerung silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha
waléh ka kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus
nyérélék. "Mending subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna
ngaheruk lewang. Blus ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang.
Bréh ka juru katuhu shaf pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong.
Sirahna ngeluk. Leungeun kénca malang nahan beuteung rangkebong. Panon
mereket peureum. Paroman nahan kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek milangan
siki tasbé. Sungut ngunyem ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si Hamad
salamet tina sungut hiu. ***

Kirim email ke