Kang, Ngalereskeun sakedik: Palangsiang = boa-boa Ngaheruk = semu sedih, ngahelas Nanding = siga, model, niru-niru --> nanding heulang = siga heulang/model heulang Rangkebong = katingali tulangna nararonjol Nuhun,
>________________________________ >From: Sp Saprudin <[email protected]> >To: "[email protected]" <[email protected]> >Sent: Friday, 25 May 2012 12:53 PM >Subject: Bls: [kisunda] Fiksimini - Takdirna > > > >Kang Hasan, sabenerna kuring rada isin jadi urang sunda teu ngarti basa sunda. >Model ieu kecap : >Suwung naha hartosna Teu Aya? >Kapuluk naha hartosna teu katulungan ? >Palangsiang naha hartosna "Sial"? >Paluruh = naha hartosna "teangan"? >Ngaheruk lewang = hartons "Bingung"? >Nanding Heulang <= Ieu kecap ibarat/saperti >Rangkebong = >Bungangang = Bungan/Bingah? > > > > >________________________________ >Dari: Ki Hasan <[email protected]> >Kepada: Ki Sunda <[email protected]> >Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda ><[email protected]> >Dikirim: Kamis, 24 Mei 2012 16:27 >Judul: [kisunda] Fiksimini - Takdirna > > > >Fikmin #Takdir# > >Kulisik! Kahudangkeun adan subuh tina sapékér kabin kapal. Rét ka katuhu, Si >Samsu tibra. Rét ka kénca, gebeg! Si Hamad suwung. "Nyaring euy! Si Hamad >leungit" Manéhna gigisik lulungu. "Téang ka Toilét!" Suwung. Deregdeg ka >pantri. Suwung. "Sugan di dék euy?" Suwung ogé. Panumpang di liliwatan ting >kecewis. Majar tadi janari aya nu kababuk gelebugna angin laut di buritan. >Tikoséwad ngagujubar, lapur teu kapuluk. Mencrong ka Si Samsu gigireun! Kerung >silih pelong. Ratug tutunggulan. "Palangsiang euy?" Kumaha waléh ka >kulawargana. Tapi taya pirasat. Rét kana erloji. Waktu terus nyérélék. >"Mending subuh heula, engké paluruh deui!" "Heueuh!" ceuk manéhna ngaheruk >lewang. Blus ka mushola. Rarat-rérét, ngulincer nanding heulang. Bréh ka juru >katuhu shaf pangtukangna. Aya nu ngajentul. Awakna doyong. Sirahna ngeluk. >Leungeun kénca malang nahan beuteung rangkebong. Panon mereket peureum. >Paroman nahan kaseueul. Leungeun katuhu utak-utek milangan siki tasbé. Sungut ngunyem ngarapal dzikir. Plong! Bungangang. Si Hamad salamet tina sungut hiu. *** > > > > > >
