Nyi Padmini :”Eta hartina, manehna murid eta lalaki bangkawarah pikasebeleun !” Manehna pasti murid Ki Nurustunjung, moal salah deui.” Boh Jalma, boh Brojo Nitis sarua kagetna. Terus Nyi Padmini nyaritakeun yen waktu Brojo Nitis nu aslina ngaran Renggono, nu sok di landih Ilung, lantaran cenah lucuna kawas Jaka Tamilung anak Togog indit ti Jepara, Ki Sangga Prakosa ge ninggalkeun manehna nyorangan. Memang kalakuan eta lalaki teh nurustunjung pisan; mangkana loba nu ngalandih manehna teh ngaranna Ki Nurustunjung; eeh batur mah keuheul disebut kitu; malah ku manehna mah dipake ngaran kapendekaran; nu matak akhirna manehna sohor ku ngaran eta.” “Hehehe, Ilung cing caritakeun kumaha lalakon sampeyan teh ?” Nyi Padmini ayeuna nitah ka Brojo Nitis “Dalem.” Cek Brojo Nitis; terus nyembah pok we ngalalakon ………. Saenyana baheulana Ki Brojo Nitis teh nu aslina ngaran Renggono; keur budak keneh pisan geus pahatu lalis, manehna ditulungan ku Nyi Padmini dibawa ka Kadipaten Jepara, lantaran Nyi Padmini teh putri Adipati Jepara. Kapanggihna waktu Nyi Padmini keur ditandu nuju ka Gedong Wungu Padepokan Milik Ki Anggajaya, guru silat pribadi Nyi Padmini. Eta budak keur kokorandangan sorangan di tengah jalan; terus Nyi Padmini nitah eureun ka nu mandu; tanyakeun eta teh budak saha; tapi nyata euweuh nu ngaku; ngan aya nu nyebutkeun cenah indung bapana geus maraot. Nyi Padmini ngarasa watir ka eta budak terus dibawa we ka Kadipatian; sina diasuh ku para emban. Ngaran Renggono teh dibere Ku Nyi Padmini; ari Nyi Padmini najan anak Adipati, tapi manehna leuwih resep ulin kaluar kaputren; lantaran memang Padmini resep pisan ka na elmu Silat; teu cukup ku Guru hiji; aya we kadenge Guru hebat di na masalah kanuragan, didatangan ku Padmini; nepi ka elmuna jadi hebat pisan. Guru2na nyata rata2 eleh ku ieu Padmini, lantaran elmuna loba pisan. Tapi na hiji waktu manehna papanggih jeung hiji pamuda nu umurna leuwih kolot; manehna harita kakara 20an tahun; ari eta pamuda geus leuwih ti 30taun; lantaran sarua jeung Padmini eta jelema teh resep pisan ka na Elmu Silat. HANCA
