Malah manehna nangtang guru2 di Tatar Jawa; tapi rata2 guru2 teh keok ku ieu jelema. Na hiji mangsa waktu papanggih Padmini nangtang ka eta pamuda; tapi kalah ka diseungseurikeun; ulah cenah ulah tarung. Tangtu we Padmini ambek asa disapirakeun; nya manehna nekad rek ngabinasa eta pamuda. Eta pamuda , nu ngaranna Sangga Prakosa; urang Tatar sunda; tapi cenah geus ngulayab ka mamana; tah harita Padmini maksa supaya Sangga Prakosa daek tarung jeung manehna. Sangga Prakosa ampir2an katigas ku senjata Padmini lantaran mimitina nganggap enteng; ayeuna kabuktian Padmini teu bisa disambarangan; tapi sanggeus aya tilu puluh jurus sakitu kaciri geus kadesek, Padmini can bisa keneh nigas eta pamuda; malah eta Ki Sangga Prakosa siga nu ngulinkeun pisan. Sakali mangsa Sangga Prakosa nyebut aduh2an bari onggeng2an siga nu keuna kasabet; nya atuh ku keuheul2na Padmini langsung nigas rek maragatkeun eta si Sangga Prakosa ! Naa atuh tina nonggeng kitu duka kumaha eta Ki Sangga Prakosa malah nakis ku tapakna TRENG ! Sada aya sora logam diadu ! Padmini nepi ka ngageter tapakna kutarik2na ngadek tapi ditakis ku tanaga membal nu kacida kuatna; ampir2an bedogna lesot ti na cekelanana. Eta pamuda teh nembongkeun na tapakna aya senjata siga peso leutik , ipis warnana aya sinar biru ! Wah senjata leutik tapi bisa dipake nakis gobang ! Padmini kaget. Lain sieun malah beuki napsu, terus we Padmini nyecer Sangga Prakosa; tapi lain eleh malah terus seuseurian; sakali mangsa malah nonggeng BRUT ! cenah !! “Heh Nurustunjung ka patutna siah ! Teu boga ka era maneh hah !?” Padmini nyarekanan ka eta Pamuda. Eta pamuda lain era atawa ambek malah pok ngomong :”Hahaha; enya ngaran kula teh Ki Nurustunjung ! Apal ti saha geulis !” cenah ngomongna bari rada cunihin. HANCA
