Ki Sangga
Prakosa ditarima sacara pribadi Ku Sang Adipati, nu narima kalawan someah jeung
darehdeh, harita nu milu ngariung salian ti bojonaa Adipati, oge Ki Senapati
Indraloka Jeung Ki Patih, sarta sababaraha Mantri, kaasup Mantri Jero.
“Eh pendekar
Sakti, saha ngaran andika teh ?” Cek Adipati Ranuwijaya ngamimitian nyarita.
“Hahahaha,
Nurustunjung………. “ Eta jawaban teh sangeunahna we, Ki Senapati rada keuheuleun
sumawonna para Mantri mah. Ngan Ki Patih nu henteu teh, lantaran manehna geus
ngadenge ti Kangjeng Adipati soal kasaktian jeung kalakuan ieu Pendekar ; jadi
manehna mah mesem we.
“Eta mah
ngaran kapendekaran Sampeyan, ari ngaran aslina saha tea ?” Kangjeng Adipati
naros bari tetep someah.
“Hehehehe
Sangga Prakosa. Tapi asa ngeunah keneh Ki Nurustunjung.”
“Eh Sangga
Prakosa, Kaula nganuhunkeun pisan jasa sampeyan geus ngabela Kadipaten
Jepara,”Adipati neruskeun teu ngadenge omongan eta Pamuda.
“Punten
pisan, Kangjeng Adipati; Kula mah asa teu boga jasa naon2 eta mah pedah we
Kaula kabeneran apal yen Regent Hans Rebek hayang nyusahkeun Kangjeng Adipati;
Ku kuring dipiheulaan; mun henteu karunya rahayat engke loba nu katalangsara.”
Tembal Sangga Prakosa.
“Tah enya
eta jasa sampeyan teh, ngabela rahayat Jepara, Kula nganuhunkeun pisan.” Saur
Kangjeng Adipati.
“Nya atuh
kuring oge nuhun pisan, yen Kangjeng Adipati ngahargaan ka kuring.”Tembal Sangga
Prakosa; teu aya riuk2 sama sakali.
“Tah ayeuna
aya pamenta ti Kaula ka sampeyan, poma sampeyan nolak.”
“Bade
dipasihan tugas naon Kangjeng Adipati ?”walon Sangga Prakosa.
“Kula bakal
ngangkat sampeyan jadi Tumenggung di ieu Kadipaten Jepara.” Sang Adipati leuleuy
pisan nyariosna.
Nu araya di
dinya sami karaget; lantaran eta panawaran teh gede teuing; patih, senapati;
kitu deui prameswari jeung para Mantri ngarasa Sang Adipati Kacida teuing.
Maranehna marentegeg, tapi teu wani pok nyarita.
Sangga
Prakosa cong nyembah pok nyarita :”Duh Kangjeng Adipati, kuring teu sanggup
narima eta panghargaan; kuring geus biasa bebas sosoranganan; teu wasa utuh
etah ka bawahan. Jadi punten sanes nampik pangasih; sarengna deui Kangjeng
Adipati asa luhur teuing eta panghargaan ti Kangjeng teh; jadi sim kuring mo
kersa nampi.”
Harita di
eta balairung Kacida sepina; jadi ku jawaban Ki Sangga Prakosa kitu , kadenge
nu narik napas tanda sugema ka na jawabanana. Rada mureleng Sang Adipati ka nu
ngarariung, lantaran kaciri teu panujuna lamun Sangga Prakosa diangkat
Tumenggung; tapi ayeuna eta pendekar teh geus mutuskeun nolak. Sang Adipati
Kacida kuciwana.
Akhirna
sanggeus mindel sakedapan Ki Adipati nyarios deui:”Yeuh Sangga Prakosa, ku
sabab anjeun Kacida dipikabutuhna ku Kaula pikeun ngajaga jeung ngabela ieu
Kadipaten; makana diangkat jadi Tumenggung; tapi nyata sampeyan geus nolak ka
na kahadean Kula; tapi Kula ngarti, yen sampeyan teh Hiji Pendekar, nu tangtu
resep keneh bebas merdeka, tah atuh pamenta Kula nu ayeuna poma sampeyan rek
nolak deui.” Sang Adipati nutup caaritaanana.
Sangga
Prakosa :” Bade aya pamundut deui Kangjeng Adipati ?”
“Kula rek
ngangkat sampeyaan sabage dulur.” Ger deui nu ngariung kaciri pada ngagerendeng
lalaunan.
“Nya ari
duduluran mah kuring daek, tapi naha teu ngarendahkeun darajat Kangjeng ?” Cek
Sangga Prakosa.
“Hahahaha,
Kula atoh nu aya mun sampeyan daek ngangkat dulur jeung Kaula; lantaran Kula
yakin sampeyan bakal bebela ka Jepara.
Nya ti
harita Sangga Prakosa diangkat dulur ku Adipati Ranuwijaya; ditempatkeun di
hiji gedong nu lumayan alus. Dibere katil nu alus pisan; tapi eta Ki Sangga
Prakosa sarena malah dina ubin; kararagok cenah sare na katil.
Kumaha ari
Nyi Dewi Dyah Padmini ? Ti sanggeus tarung jeung eta pamuda, gawena ngan huleng
jentul we; tara daek kaluar kamer; sigana masih kapikiran eleh tarung jeung Ki
Sangga Prakosa. Ieu Nyi Padmini ngarasa keuheul jeung ijid; komo ka na
kalakuanana siga nu nganggap enteng pisan; tapi cek na hatena manehna can
ngajaran nemu lawan nu sakitu gagahna; enya ge ceuleupeung eta pamuda teh; tapi
pantes rupana jeung gagah deuih ………. Beuki dipikir, ti na keuheul jadi resep;
enya ana dipikir pikir, moal aya pilalakieun nu pantes jeung aing, iwal ti eta
pamuda; da meureun nu sejen mah sarieuneun.HANCA