Halaj..halah.Cinta, geugeut deudeuh moal aya nu bisa ngalawan, kalah ka sakumaha saktina oge hiji manusa.
Hoyong terang kumaha tah, bercinta jaman baheula versi Bah AA. mrachmatrawyani ________________________________ From: Abbas Amin <[email protected]> To: kisunda <[email protected]> Sent: Wednesday, June 6, 2012 11:29 PM Subject: [kisunda] Cersil Sunda 208 . Kumaha ari Nyi Dewi Dyah Padmini ? Ti sanggeus tarung jeung eta pamuda, gawena ngan huleng jentul we; tara daek kaluar kamer; sigana masih kapikiran eleh tarung jeung Ki Sangga Prakosa. Ieu Nyi Padmini ngarasa keuheul jeung ijid; komo ka na kalakuanana siga nu nganggap enteng pisan; tapi cek na hatena manehna can ngajaran nemu lawan nu sakitu gagahna; enya ge ceuleupeung eta pamuda teh; tapi pantes rupana jeung gagah deuih ………. Beuki dipikir, ti na keuheul jadi resep; enya ana dipikir pikir, moal aya pilalakieun nu pantes jeung aing, iwal ti eta pamuda; da meureun nu sejen mah sarieuneun. HANCA
