Fikmin #Era#
Ti tempat kongrés ka més téh teu jauh. Cukup ku mapay trotoar taman kota
bari gogonjakan jeung babaturan. Leumpang antaré, sagala diobrolkeun, bari
ngolomoh peremén. Aya oge nu ngambéng friedfrench, sésa konsumsi ti tempat
kongrés. Méméh meuntas, luak-lieuk heula. Horéng satukangeun abringan aya
opatan murid TKA. Barudak téh leumpangna bari mulungan cangkang peremén
jeung cangkang kadaharan urut ngambéng. Mireungeuh kuring saparakanca rék
meuntas, barudak ngarandeg. “Sampahnya, udah, Bu?” cenah. Tuluy lalumpatan
muru wadah runtah (Teti Taryani).

Kirim email ke