Terinspirasi dari Tayangan Trans7 jam 5 Sore mengenai "Orang-orang Pinggiran" *)
======================================================
*) Kudunamah eta para pangawasa di nagara urang kudu buka panon, buka mata hate 
jeung gancang ngarespon, sedih nempo dulur-dulur anu hirup di tanah subur, tapi 
kahirupan jiga beurit modar di leuit pare.
 
 
Tapi aneh pisan jaman kiwari, ummat Islam leuwih nonjolkeun urusan amal ritual 
tibatan amal sosial. Ceuk kecap lain, Ummat Islam salila ieu condong salah 
kaprah ngartikeun ibadah jeung ngawatesan ku amal ritual. Henteu saeutik ummat 
Islam anu disibukkeun ku urusan amal ritual,  bari nyapirakeun urusan amal 
sosial (nyabodokeun kamiskinan, kabodohan, kalaparan, kasangsaraan jeung 
kasulitan-kasulitan hirup anu dirasakeun ku dulur-dulur sa Islam).
Henteu saeutik kaum Muslimin anu beunghar ku harta bro di juru bro di panto 
ngalayah di teungah imah. Loba duitna, malahan bulak balik babaraha kali 
nunaikeun ibadah haji ka Mekkah, samantara di sakuliweung imahna rea anak-anak 
anu henteu bisa sakola kusabab henteu boga duit. Atawa loba anak-anak kurang 
gizi (busung lapar), jeung kalaparan. Kugampangna jutaan malahan milyaran 
rupiah duit dibeakeun pikeun acara-acara keagamaan, udag-udagan ngawangun 
Masigit anu megah jeung tohaga, dimangsa rebuan anak-anak Islam henteu bisa 
ngalanjutkeun sakolana, rebuan orang tua masih keneh nanggung beban neangan 
nafkah, reabut jalma gering sakarat nunggu maut kusabab henteu mampu mayar 
biaya rumah sakit, jeung malahan dimangsa rebuan Ummat Islam kapaksa ngajual 
iman jeung kayakinanan ka kaum lain anu dianggap "mikanyaah".
 
Urgensi Amal Sosial
Islam sabage agama, salain sifatna pribadi jeung amal ritual, Islam oge sifatna 
amal sosial jeung intelektual. TIna aspek sosial jeung intelektual kiwari geus 
kurang katembong. Padahal awalna justru sabalikna anu ngajadi, agama ieu leuwih 
sifatna sosial jeung intelektual katimbang pribadi jeung ritual.
Islam datang pikeun ngarobah anu leuwih hade, saperti anu dienteungkeun ku 
tingkat kataatan anu luhur ka Allah, pamahaman ngenaan syariat sacara bener, 
jeung lepasna ummat ti beban kamiskinan, kabodohan jeung jauh kana kamajuan, 
jeung loba macem belenggu anu ngamasung kabebasan maranehna. Pikeun eta perlu 
ditumbuhkembangkan* (*basa sundana naon nyah?) amal sosial sabage bagian ti 
upaya pemberdayaan ummat. Pohara lobana nash-nash anu ngelingan pikeun 
kawajiban beramal sosial, sakumaha dina surat Ali Imron ayat 92 anu hartina : 
"Maneh sakali-kali tacan sampe ka hiji kahadean saencan maneh nganafkahkeun 
sabagean harta anu maneh kanyaah"  
Rasulallah ngadawuh "Sing saha anu ngabebaskeun saurang mukmin tina kasulitan 
dunya, mangka Allah baris ngabebaskeunna tina kasulitan di poe kiamat. Sing 
saha ngahampangkeun jalma anu kasusahan di dunya, Allah arek ngagampangkeun di 
dunya jeung di akhirat. Saestuna Allah bakal nulung jalma sakebel jalma eta sok 
nulung jalma lain" (HR. Bukhori & Muslim).
 Wallahu'alam bishawab
 
Hanca deui............

Kirim email ke