Hartina amal henteu diwates ku masalah amal ritual wae, tapi pakait jeung
sakabeh aspek kahirupan manusa. Timimiti gawe neangan nafkah pikeun nyukupan
hajat hirup sorangan jeung kaluarga, nepi kana tatanan ngawangun kahirupan
berbangsa jeung bernegara anu berkeadilan saluyu jeung kahayang Allah Swt. eta
ngarupakeun amal saleh. Ngabantu barudak yatim piatu, jalma terlantar
(sangsara), ngembangkeun ekonomi umat, ngalobakeun kagiatan pendidikan, bea
siswa pikeun jalma kurang mampu (dhuafa), memperjuangkan kaadilan, ngabantu
ngobatan jalma gering, melindungi jalma-jalma anu teraniaya jeung sajabana
mangrupakeun amal salih nyaeta amal sosial. Kukituna, cakupan amal salih ieu
luas pisan, anu bisa dipigawe ku saban-saban jalma sasuai jeung profesi sarta
kamapuan sewang-sewangan.
Jalma-jalam anu boga elmu bisa mengoptimalkeun panganyahona pikeun migawe amal
intelektual, saperti nyieun teori-teori atawa mikir pikeun mutuskeun hiji hal
atawa manggihan hiji kasimpulan anu hasilna bisa dirasakeun ummat. Sakumaha
ungkapan dina salah sahiji hadits "tafakkaru sa'atin khairun min shalati alfi
raka'atin" (mikir sakeudeung leuwih gede pahalana batan shalat sarebu rakaat).
Naha bisa kitu? Sabab manfaat sahalat sifatna individual, sedeungkeun manfaat
mikir pikeun mutuskeun hiji hal atawa manggahian hiji kasimpulan atawa teori
anu bener baris ngalir nembus dimensi rohangan waktu. Tuluy nyampekeun
kabeneran, mere fatwa anu lurus jeung bener, jeung berijtihad pikeun
kamaslahatan ummat. Sacara sederhana bisa jentrekeun, amal ritual leuwih
ngarupakeun urusan antara hiji jalma (hamba) jeung Allah (Habluminallah),
sedengkeun amal sosial nyaeta urusan antara hamba jeung hamba Allah anu sejen
(habluminannas), sabage wujud dina ukhuwah Islamiyah
sakumaha dijelaskeun ku Rasulallah Saw. : "Parumpamaan kaum mukminin dina hal
jalinan silih asah silih asih, kacintaan, jeung duduluran, ibarat hiji awak
(badan), mun salah sahiji anggotana ngangluh ngarasa nyeri (sakit), mangka
sakabeh anggota anu lainna ngajaga sapeuting jeung ngarasa panas kusabab
demam". (HR. Bukhari & Muslim).
Wallahu'alam bishawab.
----------------------------------------------------------------
Tetap Semangat Mencintai dan Membangun Banten!
----------------------------------------------------------------
Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use
.