Aya kang Syam, dokter, di ieu lapak teh nya. Cing punten Kang Syam, ari eta sora "kok-kok-kan" burut, bijilna timana nya. Da tangtuna moal kaluar tina kanjut nu ngaburayotna. Boa kaluar tina palawangan. Palawangan mana nya, palawangan hareup, tukang, atawa luhur.
2012/6/20 Sp Saprudin <[email protected]> > ** > > > Dulur, teurang teu naon "burut" teh? Burut istilah jalma anu gaduh kanjut > (punten sanes jorok) ngaburayut badag pisan. Panginten jalma anu burut > ngagaduhan panyawat, duka panyawat naon, da dilembur kuring sok disebat > burut. Baheula keur leutik basa keur di lembur aya hiji jalma sebat we > namina Mang Arsayun (nami samaran), anjeuna gaduh kanjut burut. Mun manehna > keur cingogo eta kanjutna sok tisada "kok...kok...kok...." jiga hayam jago, > atawa mun ngadenge sora recet (gaduh) pasti tisada. Burutna kanjut Mang > Arsayun geus tenar salelembur, malah jadi bahan guyonan bararudak. Mun > barudak pasigeung silih tuding, teu lepas kecap "Daek burut aing teu > nyokot!!". Hiji mangsa kuring keur arulin jeung barudak salembur maen > gatrik di buruan imah, harita Mang Arsayun ngaliwat. Ceuk kuring ka barudak > "Dak tuh Mang Arsayun rek kamana, hayu urang heureuyan". Barudak langsung > ngarespon ngahayukeun "Hayu urang heureuyan, ameh burutna tisada". Terus > barudak nuturkeun Mang Arsayun ti tukang, bari ngadanding lalaguan > nembangkeun lagu "Ucang-ucang angge mulung muncang ka parangge digog-god ku > kanjut gede, lumpatna ka kolong bale di bale Mang Arsayun keur ngalehe". > Mang Arsayun malik katukang ambek "Non sia budak ngaganggu aing, karancolah > bae!!" bari eta kanjutna tisada "kok..kok..kok...". Ngadenge sada kok kok > dina jero kolor Mang Arsayun, atuh barudak ngabarakatak seuri > "ha..ha..hayam jagona tisada euy". Mang Arsayun nyokot batu leutik anu aya > disisi jalan, terus dibaledogkeun ka barudak anu nuturkeun manehna, nempo > kitu barudak brat brit lalumpatan. Kuring oge ilu lumpat, ngeun naas lumpat > ka sisi jarian (tempat miceun runtah) nincak tahi jelema, atuh liye we suku > nincak tahi "Haram jador, nincak bolu atah!!!". (IS) > > > > >
