Tah jentre Kang Syam eyuna mah, ti mana eta sora kok-kok-kan nu burut te.
Sihoreng jiga sora peujit kosong, Puguh ti tadi uleng, piraku bijil tina
kanjut kundangna mah, cekeng teh. Hehehe

2012/6/20 Sam Soemadipradja <[email protected]>

> **
>
>
> burut téh basa gayana mah Hérnia ( aya kitu néng Hérniawati??)
>
> turunna peujit kana kanjut....
> tadina mah siki kanjut teh ayana dina beuteung sekitar tarang baga.
>
> di wanoja mah henteu turun, tapi tetap dina tempatna (indung
> telur,ovarium) - biasana sok rame panyakitna kista.
>
> lalaki mah, sikina turun kana kanjut (fungsi kanjut keur ngatur suhu,
> ngarah produksi sel mani aya dina suhu optimal - jadi lamun suhu turun,
> kanjut ngariut - lamun panas kanjut laer...)
> lamun siki henteu turun, bisa jadi kanker, jaba jadi steril da henteu
> nyieun sel mani (lantaran suhuna teu optimal, panas teuing, dina beuteung
> mah..) - lamun henteu turun disebut cryptorrhismus.
>
> sanggeus siki turun kana janjut..liang urut turunna nutup deui jadi
> "penggantung usus" -
> "gambaranna" siga bilik..... lah....
> di sababaraha jalma aya anu anggang "bilik"na
> (hihi nyepit kanjut tea..dongeng hutbah anu ceurik, nginghak disangka
> sieun ka naraka).
>  tah dinu anggang ieu peujitna turun kana kanjut.
> lantaran ayana gerak peristaltik, jeung "dipermukaan" pisan, jadi gerak
> teh bisa kareungeu
> ekstrim na mah perut keroncongan tea, gerakna peujit anu dina beuteung
> mah..... kok - kok an tea
>
> biasana tahap awal mah bisa disurungkeun deui ka tempat asalna (beuteung),
> lela-lila mah hese...malah nbeuki loba tuurunna, hese dibalikeun.
>
> "ngubarana" mah teu aya deui iwal ti dikoprasi tea. di reposisi...
> "bilikna anu anggang " dipageuhan deui sangkan peujitna henteu turun deui
>
>
>   ------------------------------
> *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* [email protected]
> *Dikirim:* Rabu, 20 Juni 2012 10:25
> *Judul:* Re: [kisunda] BURUT
>
>
> Aya kang Syam, dokter, di ieu lapak teh nya.
> Cing punten Kang Syam, ari eta sora "kok-kok-kan" burut, bijilna timana
> nya. Da tangtuna moal kaluar tina kanjut nu ngaburayotna. Boa kaluar tina
> palawangan. Palawangan mana nya, palawangan hareup, tukang, atawa luhur.
>
> 2012/6/20 Sp Saprudin <[email protected]>
>
> **
>
>  Dulur, teurang teu naon "burut" teh? Burut istilah jalma anu gaduh
> kanjut (punten sanes jorok) ngaburayut badag pisan. Panginten jalma anu
> burut ngagaduhan panyawat, duka panyawat naon, da dilembur kuring sok
> disebat burut. Baheula keur leutik basa keur di lembur aya hiji jalma sebat
> we namina Mang Arsayun (nami samaran), anjeuna gaduh kanjut burut. Mun
> manehna keur cingogo eta kanjutna sok tisada "kok...kok...kok...." jiga
> hayam jago, atawa mun ngadenge sora recet (gaduh) pasti tisada. Burutna
> kanjut Mang Arsayun geus tenar salelembur, malah jadi bahan guyonan
> bararudak. Mun barudak pasigeung silih tuding, teu lepas kecap "Daek burut
> aing teu nyokot!!". Hiji mangsa kuring keur arulin jeung barudak salembur
> maen gatrik di buruan imah, harita Mang Arsayun ngaliwat. Ceuk kuring ka
> barudak "Dak tuh Mang Arsayun rek kamana, hayu urang heureuyan". Barudak
> langsung ngarespon ngahayukeun "Hayu urang heureuyan, ameh burutna tisada".
> Terus barudak nuturkeun Mang Arsayun ti tukang, bari ngadanding lalaguan
> nembangkeun lagu "Ucang-ucang angge mulung muncang ka parangge digog-god ku
> kanjut gede, lumpatna ka kolong bale di bale Mang Arsayun keur ngalehe".
> Mang Arsayun malik katukang ambek "Non sia budak ngaganggu aing, karancolah
> bae!!" bari eta kanjutna tisada "kok..kok..kok...". Ngadenge sada kok kok
> dina jero kolor Mang Arsayun, atuh barudak ngabarakatak seuri
> "ha..ha..hayam jagona tisada euy". Mang Arsayun nyokot batu leutik anu aya
> disisi jalan, terus dibaledogkeun ka barudak anu nuturkeun manehna, nempo
> kitu barudak brat brit lalumpatan. Kuring oge ilu lumpat, ngeun naas lumpat
> ka sisi jarian (tempat miceun runtah) nincak tahi jelema, atuh liye we suku
> nincak tahi "Haram jador, nincak bolu atah!!!". (IS)
>
>
>
>
>
>
>   
>

Kirim email ke