ha..ha...ha.. eleh strategi nya. tapi taun ayeuna mah cenah SNMPTN heula nembe 
ujian mandiri..:)



________________________________
 Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]> 
Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
Dikirim: 
Judul: [kisunda] fikmin marebutkeun mahasiswa
 

  
dina hiji waktu, jaman dimana paguron luhur rame-rame "marebutkeun" calon 
mahasiswa ku cara ngayakeun tes mandiri, satiap paguron teu sirikna  
pabalab-balap ngayakeun testing unggal waktu sababaraha kali, di luar SNMPTN 
(Seleksi Nasional Masuk Perguruan Tinggi Negeri).

Kacaritakeun aya dua paguron, anu ngayakeun testing mandiri, salah sahiji 
paguron ngumumkeun leuwih tiheula calon mahasiswa anu lulus tes. Ka para 
mahasiswa anu lulus tes dibewarakeun, kudu registrasi dina waktu anu geus 
ditangtukeun. Lamun teu daftar dianggap gugur. Aya hiji paguron anu ngayakeun 
testingna leuwih pandeuri, tapi pangumuman hasilna miheulaan batas waktu daftar 
ulang paguron sejenna. Calon mahasiswa anu miluan tes di dua paguron eta, teu 
waka daftar, muru hasil pangumuman paguron anu ngayakeun testing pandeuri.

atuh puguh wae rektor paguron anu ngayakeun testing tiheula, ngarasa keuheul, 
sabab aya sababaraha calon mahasiswa leuwih milih asup ka paguron anu pandeuri 
ngayakeun tes. Ieu meureun anu kaasup kana kacapangan "Sesama bis kota saling 
mendahului memperebutkan calon penumpang"

 

Kirim email ke