Nya Lasmini
nuju ka nu dituduhkeun; sanggeus sawatara lilana, katempo ti kajauhan aya
imah, nenggang, ah eta meureun tukang kareta teh; nya manehna ka dinya. 


Barang
manehna ngadatangan ka dinya; manehna ditarima ku nu boga imah kalawan daria
pisan. 


Lasmini rada
kaget oge lantaran ieu tukang kareta teh, masih ngora pisan, nya saluhureun
manehna meueusan. Rupana gagah, tur kacirina sigep pisan. Manehna nyuguhan 
Lasmini
terus nanyakeun maksud kadatangan Lasmini. 


Lasmini
nerangkeun rek nuju ka lembur hareup samemeh ka Cirebon; sugan aya sado atawa
dokar, nu bisa mawa manehna. 


Memeh
ngajawab, manehna ngenalkeun yen ngaranna Ki Rangga ; lain urang dinya pituin
tapi asalna ti Madiun; di dieu geus aya tilu taunna; ari nu jadi usaha utamana
tatanen, melak cabe jsjb, tapi diluar eta, manehna boga kareta jeung kudana nu
alus; manehna mun aya nu nyewa sok narik; malah ka Cirebon ge kungsi cenah. 


Nya Lasmini
ge nerangkeun manehna anak Nini Anti; ti lembur singkur, ayeuna rek ka Cirebon
neangan barayana. 


Wah geuning
wani pisan nyorangan? Nalek eta ki Rangga. 


Da kumaha
atuh kuring teh teu boga dulur deui; ibu geus rek pikun inget wae ka dulurna;
nya saha deui nu bela ari lain kuring mah. 


Ki Rangga
ngarti, jeung narima katerangan Lasmini. 


Tapi terus
nanyakeun soal bayaran lantaran mahal ka  

Cirebon mah,
cenah moal kurang ti 10 Gulden.
HANCA
 

Kirim email ke