Fikmin #Fullmoon#

Cetrék ngonci panto dapur. Méméh ngincid muru nyubuh, ngadon ngajanteng
heula di buruan. Dina harieumna tatangkalan, mencrong bulan nu moncorong
lebah kulon. Enya asa rada songék bulan téh, dina Saptu subuh ieu mah. Asa
songék jiga basa Kemis subuh dua poé kaliwat. Beda jeung basa Jumaah subuh
kamari. Bulan ngempur sampulur taya cédana. Ras ka mangsa keur ulin di
lembur. Ngadon ngabungbang dina mangsa caang bulan opat welas. Ras deui ka
mangsa dua minggu kaliwat. Kapan milu munggahan puasa téh nu poé Jumaah.

Kirim email ke