“Eh Rangga, sabaraha maneh dibayar ku eta wanoja hah !? Nepi ka neungtreung hayang ngabela kitu !?” “Euh ari keur Ki Rangga mah yeuh; soal bayaran soal kadua; nu penting perjangjian geus paheut; najan bayaranna teu sapira; tetep Kula bakal tanggung jawab, nepi ka nu dituju.” Eta imbal wacana nu dua pihak teh, kadenge jelas pisan ku Lasmini; Lasmini ngahargaan oge ka KI Rangga nu enya2 nyekel tanggung jawab. Jeung sigana Ki Rangga oge lain Jelema sambarangan; manehna sigana boga kanuragan oge. Nu sapuluh jelema tarurun ti na kudana; nu jadi pamimpinna nu ngaran gelarna Si Sanca Manuk bari nulak cangkeng, nyorowok :” Eh Rangga ! turun siah ! Aing geus nempo kawani sampeyan, jeung Kula ngahargaan, tapi saenyana nepi ka ayeuna, Kaula can nempo andika tarung; cing hayang nyaho; sok urang ngadu jajaten ayeuna !” ( kumpulan ieu disebut gorombolan Sanca Manuk, lantaran nurut ka na ngaran pamimpinna Si Sanca Manuk. Ki Rangga oge turun ti na karetana; terus nyanghareupan Si Sanca Manuk; barang Si Sancaa Manuk rek maju; teu kanyahoan salah sahiji anak buahna nu ngaran Ki Djoko maju:”Eh Ki Sanca Manuk, keun urang coba ku uing heula ieu budak ngora teu boga cedo teh. Hayang nyaho naha kabisana sarua teu, jeung kawanina !” Si Saanca manuk teu jadi ngalayanan ki Rangga; ayeuna Si Djoko nu maju; manehna geus masang kuda2; Ki Rangga cicing keneh teu gerak nanaon; atuh haok we Ki Djoko:”Eh Kowe ! sok maju , ulah ngan ukur ngajengjen kitu !” Heat ! Jeplak ! Srek, gusrak ! kakara ge balem serangan Ki Rangga geus datang teu kanyahoan; atuh Ki Djoko harita keneh ngajoprak; da katinggang bari jeung digusrakkeun sakalian ku Ki Rangga ! HANCA
