Aah meakeun
waktu nanggap omongan si Rangga mah, hayu batur urang koroyok we ieu jelema teu
boga cedo teh ! ceuk balad nu dalapan . Atuh dalapan urang ngaburusut maju
ngaraponan Ki Rangga ! 


Ku maha ari
Ki Rangga ? 


Ih manehna
mah tetep we kalem, teu kaciri manehna gimir; estu teteg ! Ger we ieu dua pihak
teh tarung rame pisan ! 


Ari si Sanca
manuk mah nempokeun we lalajo ti sisi; bari siap2 , mun perlu manehna ge rek
maju. 


Bari nakisan
serangan2 dalapan anak buah Ki Sanca Manuk, Ki Rangga masih bisa nyarita:”Eh
Ki Sanca Manuk ! sok atuh sampeyan ge maju ngoroyok, kapalang !” 


Bari heat2
nakisan nu ngoroyok. 


Enya ge Ki
Rangga dikoroyok, kaciri manehna tetep tatag; teu pisan kaciri kadesek, tanda
yen elmu silatna oge lumayan. 

Tapi nu dalapan ge kaciri gede hate; piraku cenah
dalapan urang teu bisa ngelehkeun hiji jelema ?! 


Ki Rangga
memang sama sakali can bisa males ka eta nu ngoroyok; lantaran eta nu dalapan
oge rata2 elmu silatna marantep; tapi can aya hiji ge nu ngaluarkeun senjatana. 

Ki Rangga sakapeung kaciri mundur; tapi geus kitu maju deui; jadi ahirna
manehna tetep aya dihareupeun karetana, teu obah ti na asalna manehna
mertahankeun posisi kareta. 


Keur rame
eta nu tararung; Si Sanca Manuk ngadeukeutan kareta terus muka panto kareta,
manehna kaget nempo wanoja geulis keur diuk we di na kareta. 


“Hahahaha !
Pantes we Ki Rangga sakitu bebelana ! Pantes ! Memang nu kayak ieu mah kudu
dibela nepi ka pati. Hahahaha ! 
Rangga ! Kula moal jadi nampa eta duit bayaran;
bakal dipulangkeun deui ka si Jagur ! 
Ngan ieu wanoja; bakal direbut keur
pipamajikaneun Kula ! Jadi kakeyeng Kaula ngarebut ieu wanoja leuwih gede
deui  ! Hahahaha !” 


Ngadenge
omongan kitu ampir wae Lasmini teu tahan; huntuna mani kekerot nahan nafsu
amarah nu meh budal; ayeuna kaciri Ki Rangga luncat ngabebaskeun ti na
kepungan, terus wae muru ka Si Sanca Manuk; ngan sakilat duanana geus silih
tukeur jurus; jeplak ! jeplak ! dua leungeun paadu ! duanana mundur, ngarasa
leungeunna duanana pada2 baal ! Tanda yen boh Ki Rangga boh Ki Sanca Manuk;
tanaga jerona kira2 saimbang.
HANCA
 

Kirim email ke