Fikmin #Lebaran Teu Kérok Deui#

Buka puasa karék lekasan. Hanaang sirna kaséréd cientéh haneut. Guk gék!
Saréréa mendeko hareupeun TV. "Hasil sidang isbat 18 Agustus 2012
mutuskeun, yén numutkeun hasil hisab ogé rukyah saréréa sapuk, 1 Syawal
1433H ninggang dina poé Ahad, 19 Agustus 2012." Kitu numutkeun biantara
Bapa Ageung nu disiarkeun dina TV. "Horééé! Siiik, Asyiik!" nu mendeko
sarurak panuju. Dulur cikal nu Muhamaddiyah nyéréngéh. Lanceuk kadua nu
Nahdiyin kéom. Kapi adi nu Persis ngahéhéh. Mitoha jigrah, ngagigiwing
panci. Duméh laksana lebaran bareng sakulawarga. Nu rupa-rupa pamadeganana.
"Bréng-bréng-bréng, bréng-bréng-bréng!" Sora panci brang-bréng-brong,
ditakolan gagang sapu. "Peuncit hayamna dak! Kulub kupatna! Teruskeun
popolahna!" Mitoha babagi tugas. "Alhamdulillah lebaran teu kerok deui!"
Pokna mungkas carita.

Kirim email ke