Si Setan
Alas Kobar, rada beda dibanding begal2 sejenna; lantaran manehna mah, enya ge
perlu ka na harta, tapi teu pati dipentingkeun pisan.
 Nu pang pentingna keur
manehanana, nya eta hayang jadi Jago nomer HIJI di persilatan satanah Jawa. 


Manehna oge
kungsi ngadenge yen aya hiji Jago nu mumpuni, nya eta Ki Nurtustunjung, di mana
guruna oge cenah pernah tarung, tapi kasoran, ngalatih diri; tapi ku sabab
rusuh hayang males; akhirna salah latihan, ku sabab maksakeun teuing, nya
guruna binasa lantaran ngalatih dirina popohoan teuing. 


Ku sabab
kitu, Si Setan Alas Kobar ati2 pisan, di na ngalatih dirina; sabab sieun
saperti guruna, salah jalan. 

Di na hirupna Si Setan alas kobar, ngajaga teu
ngumbar sagala kahayang, malah kajajakaanana dijaga pisan. Nu matak tanaga
jerona arang nu bisa nandingan Si Setan Alas Kobar. 

Di na masalah kakesitan, ku
sabab memang tanaga jerona mumpuni; si Setan Alas Kobar oge kesit, ngaleuwihan
rata2 pendekar. 


Ayana Si
setan Alas kobar saenyana mah ngarentagkeun Karaton Mataram. Pernah susuhunan
ngirim Tumenggung pikeun numpes ieu kumpulan begal; nu dipimpin ku Si Setan
Alas kobar; tapi hasilna nyamos; si Setan Alas Kobar geus mabur manten. Tapi 3
bulan ti harita geus der datang deui; malah leuwih mahabu. 


Rata2 Para
Tumenggung euweuh nu wani tarung sosoranganan ngalawan Setan Alas kobar; pasti
maranehna ngandelkeun pasukan. Tapi si setan Alas Kobar kaburu nyumput manten. 


Kahebatan Si
Setan Alas Kobar, beuki sohor we; euweuh hiji Pendekar nu wani ngalawan ka Ieu
Jadug; kabehanana sarieuneun. 


Sabenerna Si
setan Alas kobar oge geus susumbar, cenah mun Ki Nurustunjung masih hirup ,ah,
Kaula meureun eleh; da Guru Kula ge eleh; tapi mun ayeuna Ki Nurustunjung turun
deui; pasti bakal dicoba ku Kaula ngukur kadigjayaanana.” 


Para
pendekar nu ngadenge susumbar Si Setan Alas Kobar, lolobana mah nyeungseurikeun
da kabeh pada maphum kajagoan jeung kasaktian Ki Nurustunjung; nu osok oge
disebut Pendekar Sakti. Tapi aya oge sawareh nu percaya yen Setan Alas Kobar nu
ayeuna mah mungkin oge bisa ngelehkeun Ki Nurustunjung.
Hanca
 

Kirim email ke